Back

ⓘ Élmu




                                               

Filsafat Élmu

Filsafat élmu Pangaweruh nyaéta bagéan tina filsafat nu sacara husus ngomongkeun ngeunaan sifat jeung hakékat, asumsi jeung implikasi sarta kualitas jeung mangpaatna ngeunaan kahirupan manusa sacara gembleng. Katilu hal éta nu umumna di rumuskeun jadi: a) Ontologi b) Epistemologi c) Aksiologi. Sacara singget, filsafat élmu pangaweruh ngamasalahkeun objék na ngaliwatan tilu patalékan: kahiji, Realitas Empiris naon nu kawengku di jerona, kadua, kumaha cara mikanyaho, téori jeung métode naon nu di gunakeun jang mikanyahona, jeung katilu, naon fungsi jeung mangpaatna pikeun masarakat. Sacara p ...

                                               

Élmu bahan

Élmu bahan ngawengku bagian-bagian ti kimia, fisika, géologi, ogé biologi nu patali jeung sipat-sipat fisik, kimiawi, atawa biologis rupa-rupa bahan/matéri. Élmu ieu biasana dianggap salaku élmu terapan, sabab sipat-sipat nu diulik biasana dipatalikeun jeung tujuan industrial. Élmu bahan ngawengku sakabéh opat kelas bahan nu masing-masing boga widang ulikanana séwang-séwangan: 1 logam jeung métalurgi, 2 keramika, semikonduktor, jeung bahan éléktronik lianna, 3 polimér, 4 komposit jeung biomaterial nu bisa asup kana kelas bahan 1 n.k. 4 tadi. Métalurgi jeung keramika mibanda sajarah nu panj ...

                                               

Élmu ukur

Élmu ukur atawa géométri sacara harafiah hartina ulikan ngeunaan ukar-ukur bumi, nyaéta cabang tina matematika anu ngulik hubungan dina jero rohang.

                                               

Élmu bumi

Elmu bumi, mangrupa salah sahiji widang élmu anu nalungtik Mayapada. Bisa dianggap kasus husus dina élmu planét, sabab mangrupa hiji-hijina planét nu dieusi ku mahluk hirup. Aya jihat réduksionis jeung holistik dina élmu Bumi. Nu geus ti baheula mula dipaké pikeun panalungtikan kuantitatif ruang Bumi di antarana fisika, matematik, kimia, jeung biologi. Géologi ngawengku batuan bagéan tina Bumi atawa litosfir kaasup inti planet, mantel jeung kerak. Subdisiplin pentingna di antarana géofisik, géokimia, paléontologi, mineralogi, jeung sédiméntologi.

                                               

Élmu lingkungan

Élmu lingkungan nyaéta ulikan ngeunaan interaksi antara komponén-komponén fisik, kimia, jeung biologi nu aya di lingkungan. Élmu lingkungan moncorong kualitas lingkungan, napsirkeun balukar polah manusa ka ékosistem darat jeung cai, sarta ngembangkeun strategi pikeun ngariksa jeung mulasara ékosistem. Para élmuwan lingkungan bisa mantuan dina perencanaan ngawangun gedong, koridor angkutan, sarta unak-anik lianna, sahingga lemah bisa dipaké sacara éfisien bari tetep miara sumberdaya cai. ku sabab élmu lingkungan mah watekna interdisiplinér, para profésional biasana rampak gawe nalungtik san ...

                                               

Silinder (élmu ukur)

Dina élmu ukur, silinder nyaéta bangun rohang tilu diménsi anu dijieun ku dua bunderan idéntik anu sajajar sarta hiji pasagi burung anu ngalingkung sisi-sisi dua bunderan kasebut. Tina dua bunderan, anu hiji disebut dadampar sedengkeunn nu hiji deui disebut tutup silinder sarta pasagi burung anu nyimbutan ieu bangun disebut simbut silinder.

                                               

Universitas Padjadjaran

Universitas Padjadjaran nyaéta paguron luhur negeri di Bandung, Indonésia, nu diadegkeun dina ping 11 Agustus 1957. Réktor Unpad dina taun ajaran 2005-2006 nyaéta Prof. Dr. Ganjar Kurnia. Unpad boga 16 fakultas, nyaéta: Fakultas Téknologi Industri Pertanian Fakultas Peternakan Fakultas Farmasi Fakultas Ékonomi Fakultas Élmu Sosial jeung Élmu Pulitik Program Pascasarjana Fakultas MIPA Fakultas Kadokteran Fakultas Pertanian Fakultas Élmu Komunikasi Fakultas Hukum Fakultas Psikologi Fakultas téhnik Géologi Fakultas Élmu Budaya Fakultas Perikanan jeung Élmu Kalautan Fakultas Élmu Kaparawatan F ...

                                               

Wawacan Iman, Élmu, reujeung Amal

Wawacan Iman Élmu Reujeung Amal anggitan Baing, guru tarékat di Purwakarta nu pupus taun 1937. Ari seratanana diréngsekeun dina taun 1924. Dipublikasikeun ku murid muridna, nyaéta Drs.H.Said Raksakusumah jeung R.H.Hidajat Martalogawa anu milu kana pangajian Baing dina taun 1933-1937. Baing ngayakeun pangajian di imahna saminggu tilu kali. Dina poé Rebo jang umum, nu hadirna aya ratusna, lain urang Purwakarta baé, tapi ti tempat-tempat lianna anu deukeut ka dinya kayaning Pléréd, Jatisari, Dawuan jeung Pasawahan. Dina malem Salasa jeung malem Kemis, pangajian husus, nu hadirna paling réa ng ...

                                               

Antropologi

Antropologi asalna tina basa Yunani, nyaéta anthropos manusa, jeung logos élmu pangaweruh. Jadi, antropologi téh élmu pangaweruh nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa. Objek dina antropologi nyaéta manusa di masarakat suku bangsa, kabudayaan katut paripolahna. Budaya asalna tina basa sangsekerta nya ringkesan tina dua kecap budi jeung daya anu hartina usaha, tanaga, karep, pikiran, jeung parasaan jelema. Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kanimatan jelema ku rupa akal jelema. Kabéh élmu sosial buda ...

                                               

Dokter

Sacara operasional, Dokter nyaéta saurang tanaga kaséhatan anu jadi tempat pikeun ngabéréskeun kabéh masalah kaséhatan anu disanghareupan tanpa melong jenis panyakit, organologi, golongan umur, sarta génder, kalayan ngagunakeun prinsip pangladén anu éféktifsarta efisien sarta ngajungjung luhur tanggung jawab profésional, hukum, étika sarta moral. Layanan anu diayakeunana nyaéta sawates kompetensi dasar kedokteran anu ditampana salila atikan kedokteran.

                                               

Taksonomi

Taksonomi mangrupa aturan pangelompokan atawa panggolongan dumasar tingkat atawa hiérarki nu tangtu. Boh pangelompokkan mahluk hirup, atawa panggolongan anu séjén.

                                               

Élmu Sasatoan jeung Jelema

Élmu Sasatoan jeung Jelema nyaéta pedaran anu ditulis dina basa Sunda ku R. Satjadibrata. Ieu buku pedaran téh dipedalkeun munggaran taun 1932 ku penerbit J.B. Wolters.

                                               

Pulitik

Vérsi Aksara / ᮗᮦᮁᮞᮤ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ Pulitik nyaéta prosés sarta cara kelompok pikeun nyieun kaputusan. Sanajan ilahar dipaké keur pamaréntah, sifat pulitik ogé ditalungtik di pausahaan, akademik, agama sarta institusi séjén. Élmu pulitik nyaéta élmu ngeunaan paripolah politik, uji akurasi sarta pamakéan kakuatan, contona kamampuan keur ngaruntagkeun lawan.

Apsis
                                               

Apsis

Apsis nyaéta hiji istilah nu ilahar dipaké dina widang astronomi pikeun nyebut kana hiji kaayaan sababaraha objek di jero orbit. Jarak pang deukeutna atawa pang jauhna hiji objek tina puseur orbit nu wanguna eksentris, disebut apsis. Titik ti orbit bulan nu pangdeukeutna jeung bumi disebut Perigee, titik nu pang jauhna disebut Apogee. Dua titik éta lamun digurat disebutna orbit, umpama orbit bulan tina Apogee jeung Perigee diteukteuk hasilna ngawangun hiji apsides nu tayalian apsis.