Back

ⓘ Désa



                                               

Cikumbueun, Mandalawangi, Pandéglang

                                               

Pari, Mandalawangi, Pandéglang

                                               

Cikadongdong, Cikeusik, Pandéglang

                                               

Cikeusik Pandéglang

                                               

Sukamulya, Cikeusik, Pandéglang

                                               

Curugciung, Cikeusik, Pandéglang

Désa
                                     

ⓘ Désa

Désa, numutkeun définisi universal, nyaéta hiji aglomerasi pamukiman di aréa padésaan. Di Indonésia, istilah désa nyaéta babagéan wilayah administratif di sahandapeun kacamatan, nu dipingpin ku Kapala Désa.

Ti saprak diberlakukeunnana otonomi daérah, istilah désa bisa disebut maké ngaran séjén, umpamana di Sumatra Barat disebut nagari, sedengkeun di Papua disebut kampung. Nya kitu ogé sagala istilah jeung institusi di désa bisa disebut maké ngaran séjén loyog jeung karakteristik adat istiadat désa éta. Hal ieu mangrupa salah sahiji pangakuan jeung panghormatan Pamaréntah kana asal usul jeung adat istiadat satempat.

                                     

1. Désa di Indonésia

Numutkeun Palaturan Pamaréntah Nomer 57 Taun 2005 ngeunaan Désa, disebutkeun yén désa mangrupa kasatuan masarakat hukum nu mibanda wates-wates wilayah, nu boga wewenang pikeun ngatur sarta ngurus kapentingan masarakat satempat, dumasar kana asal-usul jeung adat istiadat satempat nu diaku jeung dipihormat dina sistim Pamaréntahan Nagara Kasatuan Républik Indonésia.

Désa lain bawahan kacamatan, sabab kacamatan mah mangrupa bagian tina purati daérah kabupatén/kota, sedengkeun désa mah lain bagian tina purati daérah. Béda jeung Kalurahan, Désa leuwih lega hakna dina ngatur wilayahna sorangan. Tapi dina tuwuhna, hiji désa bisa ditingkatkeun statusna jadi kalurahan.

Kawenangan désa nyaéta:

  • Nyelenggarakeun urusan pamaréntahan nu jadi kawenangan kabupatén/kota nu diserahkeun pangaturannana ka désa, nyaéta urusan pamaréntahan nu sacara langsung bisa ningkatkeun palayanan ka masarakat.
  • Nyelenggarakeun urusan pamaréntahan nu geus aya dumasar kana hak asal usul désa
  • Urusan pamaréntahan séjénna nu diserenkeun ka désa.
  • Tugas pembantuan ti Pamaréntah, Pamaréntah Propinsi, jeung Pamaréntah Kabupatén/Kota
                                     

2.1. Pamaréntahan Désa Kapala Désa

Artikel utama: Kapala Désa

Kapala Désa mangrupa pingpinan penyelenggaraan pamaréntahan désa dumasar kana kawijakan nu ditetepkeun babarengan Badan Pamusawarahan Désa BPD. Lilana jabatan Kapala Désa nyaéta 6 taun, sarta bisa diperpanjang deui salila sakali mangsa jabatan. Kapala Désa ogé mibanda wewenang netepkeun Peraturan Desa nu geus meunang persetujuan babarengan jeung BPD.

Kapala Désa dipilih langsung ngaliwatan Pamilihan Kapala Désa Pilkadés ku pangeusi désa satempat. Umur minimal Kapala Désa nyaéta 25 taun, sarta Kapala Désa kudu berpendidikan paling handap SLTP, sarta mangrupa pangeusi désa éta.

                                     

2.2. Pamaréntahan Désa Purati Désa

Purati Désa tugasna mantuan Kapala Désa dina ngalaksanakeun tugas jeung wewenangna. salah sahiji purati désa nyaéta Sekretaris Désa, nu eusina Pagawé Nagri Sipil. Sekretaris Désa diangkat ku Sekretaris Daérah Kabupatén/Kota atas nama Bupati/Walikota.

Purati Désa séjénna diangkat ku Kapala Désa ti antara pangeusi désa, nu ditetepkeun ngaliwatan Kaputusan Kapala Désa.

                                     

2.3. Pamaréntahan Désa Badan Pamusawarahan Désa

Artikel utama: Badan Pamusawarahan Désa

Badan Pamusawarahan Désa BPD mangrupa lembaga perwujudan démokrasi dina penyelenggaraan pamaréntahan désa. Anggota BPD nyaéta wawakil ti nu nyicingan désa bersangkutan dumasar kana keterwakilan wewengkon. Anggota BPD diwangun ti Pupuhu Rukun Warga, pamangku adat, golongan profesi, inohong ageman sarta inohong balaréa séjénna. Mangsa kalungguhan anggota BPD nyaéta 6 taunsarta bisa diangkat/diusulkan deui pikeun 1 kali mangsa kalungguhan saterusna. Pupuhu sarta Anggota BPD henteu kaci ngarangkep kalungguhan minangka Kuwu atawa Pakakas Désa. BPD boga fungsi netepkeun Aturan Désa babarengan jeung Kuwu, nandéan sarta nyalurkeun aspirasi balaréa.

                                     

3. Kauangan Désa

Penyelenggaraan urusan pamaréntahan désa anu jadi kewenangan désa didanaan tina Anggaran Pendapatan sarta Balanja Désa APB Désa, bantuan pamaréntah sarta bantuan pamaréntah daérah. Penyelenggaraan urusan pamaréntah daérah anu diayakeun ku pamaréntah désa didanaan tina APBD.

Asal beubeunangan désa diwangun tina:

  • Bantuan keuangan ti Pamaréntah, Pamaréntah Propinsi, sarta Pamaréntah Kabupatén/Kota dina raraga palaksanaan urusan pamaréntahan;
  • Bagian tina Dana Perimbangan Keuangan Puseur jeung Daérah
  • Hibah sarta sumbangan ti pihak katilu anu henteu ngiket.
  • Pikeun hasil Pajeg Daérah Kabupatén/Kota
  • Pendapatan Asli Désa, di antarana diwangun tina hasil usaha désa, hasil kakayaan désa, hasil swadaya sarta partisipasi, hasil gotong royong

APB Désa diwangun ku bagian Pendapatan Désa, Balanja Désa sarta Pabiayaan. Rarancang APB Désa dibahas dina musawarah perencanaan pangwangunan désa. Kuwu babarengan jeung BPD netepkeun APB Désa saban taunjeung Aturan Désa.



                                     

4. Lembaga Kamasarakatan

Di désa bisa dijieun lembaga kamasarakatan, nyaéta lembaga anu dijieun ku balaréa luyu jeung kaperluan sarta mangrupa mitra pamaréntah désa dina memberdayakeun balaréa. Lembaga kamasarakatan ditetepkeun ku Aturan Désa. Salah sahiji fungsi lembaga kamasarakatan nyaéta minangka panandéan sarta penyaluran aspirasi balaréa dina pangwangunan. Hubungan gawé antara lembaga kamasarakatan jeung Pamaréntahan Désa boga sipat kamitraan, konsultatif sarta koordinatif.

                                     

5. Pembentukan Désa

Désa dijieun ku prakarsa balaréa kalawan nengetan asal-usul désa sarta kaayaan sosial budaya balaréa satempat. Pembentukan désa bisa mangrupa penggabungan sawatara désa, atawa bagian désa anu padeudeukeut, atawa pamekaran tina hiji désa jadi dua désa atawa leuwih, atawa pembentukan désa di luar désa anu geus aya.

Désa bisa dirobah atawa disaluyukeun statusna jadi kalurahan dumasar kana prakarsa Pamaréntah Désa babarengan jeung BPD kalawan nengetan bongbolongan sarta pamadegan balaréa satempat. Désa anu robah jadi Kalurahan, Lurah sarta Pakakasna dieusi ti pagawé nagri sipil.

Désa anu robah statusna jadi Kalurahan, kakayaanana jadi kakayaan wewengkon sarta dikokolakeun ku kalurahan anu bersangkutan pikeun kapentingan balaréa satempat.

                                               

Agama Helu

Agama Helu nyaéta hiji aliran kapercayaan anu sumebar utamana di Kacamatan Barimba jeung Kapuas Kulon, Kabupatén Kapuas.

Free and no ads
no need to download or install

Pino - logical board game which is based on tactics and strategy. In general this is a remix of chess, checkers and corners. The game develops imagination, concentration, teaches how to solve tasks, plan their own actions and of course to think logically. It does not matter how much pieces you have, the main thing is how they are placement!

online intellectual game →