Back

ⓘ Wretikandayun




                                     

ⓘ Wretikandayun

Sang Wretikandayun nyaéta raja kahiji Kerajaan Galuh anu maréntah di Kerajaan Galuh gumelar Maharaja Suradarma Jayaprakosa ti mimiti taun 612 Masehi dugi ka 702 Masehi minangka panerus Karajaan Kendan.

Maharaja Suradarma Wretikandayun ngamerdékakeun Karajaan Galuh mangsa Sri Maharaja Tarusbawa taun 670 ngaganti ngaran Tarumanagara jadi Karajaan Sunda sebada narima tahta Karajaan Tarumanagara taun 669 M, ti mitohana, raja Tarumanagara pangahirna, Maharaja Linggawarman 666-669 M.

                                     

1. Biografi

Ngaran Wretikandayun putra Raja Kandiawan putra Raja Putra Suraliman putra Raja Maha Guru Manikmaya. Wretikandayun ngaran keur leutik sang Amara, Radén Daniswara dani = munding lahir 0513 Caka 0619 Maséhi, umur 21 – 111 taun. Dari indungna, Buyutnya raja Maharesiguru Manikmaya adalah menantu Maharaja Suryawarman, penguasa ke-7 Tarumanagara 535-561 M, menikahi Dewi Tirtakancana, putrinya.

Istrina, Dewi Manawati ngaran keur leutik atawa Manakasih atawa Pwahaci Bungatak Mangalé‑ngaleé ngaran rumaja jeung gelar Praméswari Déwi Candrarasmi putri Resi Makandria. Gaduh 3 Putra, nyaéta:

  • Sang Jalantara, Rahyang Mandiminyak, putra mahkota Galuh, lahir 546 C 643 M.
  • Sang Jatmika, Rahyang Sempakwaja, Resiguru di Galunggung, lahir 542 C 639 M2.
  • Sang Jantaka, Rahyang Kidul, Rahyang Wanayasa, Resiguru di Denuh, lahir 544 C 641 M3.
                                     

2. Pamaréntahan Galuh

Sang Kandiawan, rama Sang Wretikandayun, jumeneng raja Kendan ngan 15 taun 597-612 M. Sang kandiawan nyebut dirina Rahiyangta Déwaraja, salaku rajaresi gumelar Rahiyangta di Medang jati atawa kasohor Sang Layu Watang nu nganggit Sanghiyang Watang Ageung.

Wretikandayun janten raja Kendan ngaganti ramana dina 23 Maret 612 M, yuswa 21 taun. Jenenng raja Wretikandayun teu dumuk di Kendan atawa di Medang Jati, teu ogé di Menir. Tapi ngadegkeun pusat pamaréntahan ibukota anyar, anu katelah Galuh permata.

Nalika tahta Karajaan Tarumanagara ragrag ka Maharaja Tarusbawa urang Karajaan Sundasambawa bawahan Tarumanagara, taun 669 M, minantu Maharaja Linggawarman, raja pamungkas Tarumanagara, ngadegkeun Kerajaan Sunda, Maharaja Wretikandayun dina umur 78 taun ngamerdékakeun Galuh.Tarumanagara di bagi 2, watesna Citarum. Maharaja Tarusbawa Citarum ka kulon, sedengkeun Maharaja Suradarma Sang Wretikandayun Citarum ka wétan.

Taun 669 M, dianggap awal Galuh anu merdéka. Sang Wretikandayun kumawasa di Galuh taun 534-­592 Saka 612/3-670/1 Masehi, 58 taun, ratu Galuh bawahan Karajaan Tarumanagara. Taun 592-624 Saka 670/1-702/3 Maséhi, 32 taun jadi Ratu Galuh merdéka.

Dina Carita Parahiyangan diandeskeun Kerajaan Galuh diadegkeun ku Sang Wretikandayun, kumawasa 90 taun.

                                     

3. Suksési Galuh

Taun 695 M, Rahyang Mandiminyak, Putra Mahkota Galuh jatukrami jeung Dewi Parwati, putri Ratu Sima jeung Prabu Kartikeyasinga, raja Kalingga di Jawa Tengah.

Taun 702 M Rahyang Mandiminyak naék tahta Galuh ngaganti ramana, Wretikandayun kumawasa di dua nagara, nyaéta Karajaan Kalingga Jawa Tengah jeung Jawa Timur tur Galuh Jawa Barat|Jawa Kulon. Karajaan Galuh mangsa Mandiminyak lega pisan, nyaéta ti wétan walungan Citarum tepi ka Hujung Galuh Surabaya ayeuna.

                                     

4. Pupus Ratu Galuh

Maharaja Suradarma Jayaprakosa Sang Wretikandayun pupus salaku rajaresi pamingpin nagara tur agama di Menir Rahyang Ta di Menir dina yuswa 111 taun dina taun 0624 Caka 727 Maséhi.

                                     
  • 709 Masehi minangka panerus bapana, raja Sang Wretikandayun Ngarana Sang Jalantara putra Wretikandayun putra Raja Kandiawan putra Raja Putra Suraliman
  • taun. Salajéngna, kakawasaan ieu diwariskeun ka putrana di Galuh, Sang Wretikandayun Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun 666 M pupus
  • ragrag ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun 612 - 702 baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun

Users also searched:

...