Back

ⓘ Leukemia




Leukemia
                                     

ⓘ Leukemia

Kecap leukemia nujul ka golongan kangker nu tumiba ka sél gerih bodas. Dina abad ka-19, leukemia téh dianggap hiji kasakit homogén nu bisa nepi ka maotna, nu cirina mangrupa getih nu katémbong warnana bodas leuko-. Leukemia munggaran katalungtik ku ahli patologi Jérman Rudolf Virchow taun 1847, sedengkeun munggaran kadadarkeun mah ti taun 1845 kénéh ku John Hughes Bennett, ahli patologi Inggris.

Leukemia tumuwuh dina sungsum tulang. Sungsum tulang ngahasilkeun tilu tipe utama sél getih:

  • Sél getih beureum nu ngandung hémoglobin nu pancénna pikeun ngakut oksigén ka sakuliah awak.
  • Platélét nu pancénna mantuan ngabekukeun getih.
  • Sél getih bodas nu pancénna merangan inféksi.

Leukemia dicirikeun ku loba teuing produksi sél getih bodas abnormal, antukna sungsum tulang pinuh nepi ka "bahé" kana getih periferal. Infiltrasi sungsum tulang ngabalukarkeun turunna produksi jeung fungsi sél-sél getih anu normal. Leukemia, gumantung tipena, bisa sumebar ka kelenjar limfe, limpa, ati, sistim saraf puseur jeung organ atawa jaringan séjén nepi ka barareuh.

                                     

1. Gejala

Ruksakna sungsum tulang ngabalukarkeun kakurangan platélét getih, nu penting dina prosés koagulasi. Hartina, jalma nu ngarandapan leukemia bisa terus-terusan ngaluarkeun getih nalika tatu boh di jero atawa di luar awak. Sél-sél getih bodas, nu penting dina merangan patogén, produksina teu normal antukna pasén gampang pisan kainféksi. Lian ti éta, kakurangan sél getih beureum ngabalukarkeun anémia, antukna engapan jadi pondok jeung lungsé. Nyeri tulang atawa sandi ogé bisa karandapan alatan kangkerna bisa sumebar ka daérah-daérah éta. Nyeri sirah jeung utah mangrupa totondén yén kangkerna geus nepi ka sistim saraf puseur.

Kajadian kelenjar limfe nu ngabadagan atawa splenomegaly bareuh limpa bisa ogé lumangsung dina sababaraha tipe. Sakabéh gejala di luhur sabenerna bisa waé mangrupa totondén kasakit séjén, ku kituna, diagnosis nu bener perlu dipilampah: uji getih jeung biopsi sungsum tulang.

Gejala séjén nu patali:

  • nyeri tulang atawa sandi;
  • siki kanjut téstis bareuh.
  • gejala kulit
  • gusi bareuh jeung getihan;
  • muriang jeung gejala kawas flu lianna;
  • laleuleus jeung lungsé;
  • leungit napsu dahar jeung/atawa beurat awak;
  • késangan, utamana tengah peuting;
  • gejala neurologis nu leukimiana geus akut;
                                     

2.1. Opat tipe utama Akut vs. kronis

Leukemia sacara klinis jeung patologis kabagi kana bentuk akut jeung kronis.

  • Leukemia kronis dicirikeun ku kaleuleuwihina sél getih nu, najan rélatif asak/sawawa, abnormal. Mekarna panyakit ieu biasana merlukeun sababaraha bulan/taun. Laju produksi sél-sél abnormal leuwih cepet batan sél normal, antukna dina getih lila-lila mah beuki didominasi ku nu abnormal. Kajadian leukemia kronis biasana tumiba ka nu leuwih kolot, najan sacara téoritis mah bisa tumiba ka saha baé. Béda ti leukemia akut nu kudu geuwat ditatambakeun, nu tipe kronis mah ilaharna bisa dimonitor heula pikeun nangtukeun jenis terapi nu cocog jeung éféktif.
  • Leukemia akut dicirikeun ku gancangna sél getih tumuwuh padahal can asak/sawawa, antukna sungsum tulang teu bisa ngahasilkeun sél getih nu séhat. Leukemia akut ilaharna tumiba ka barudak jeung jalma sawawa ngora urutan luhur kasakit nu ngabalukarkeun maot barudak di AS. Leukemia akut ieu kudu geuwat ditatambakeun, sabab sél-sél abnormalna tumuwuh gancang pisan. Mun henteu, pasénna bisa maot dina itungan bulan atawa minggu.
                                     

2.2. Opat tipe utama Limfoid vs. myéloid

Kasakit leukemia bisa ogé dibédakeun dumasar tipe sél abnormal nu panglobana aya dina getih.

  • Mun sél myéloid nu katarajang, kasakitna disebut leukemia myéloid.
  • Mun leukemia nyerang sél limfoid, mangka disebut leukemia limfositik.
                                     

2.3. Opat tipe utama Prévalénsi opat tipe utama

Mun digabungkeun, dua klasifikasi ieu ngahasilkeun opat kategori utama:

  • Leukemia limfositik akut acute lymphocytic leukemia, ALL, mangrupa tipe leukemia paling umum tumiba ka barudak. Kasakti ieu ogé nyerang jalma sawawa, komo mun umurna 65 taun ka luhur.
  • Chronic myelogenous leukemia CML, utamana narajang jalma sawawa, najan kadang ogé nyerang barudak.
  • Leukemia Acute myelogenous leukemia AML, leuwih ilahar narajang jalma sawawa batan barudak. Leukemia tipe ieu baheula mah disebut leukemia nonlimfositik akut acute nonlymphocytic leukemia.
  • Leukemia limfositik kronis chronic lymphocytic leukemia, CLL, lolobana narajang jalma nu umurna 55 taun ka luhur. Bisa ogé narajang nu ngora, tapi ka barudak mah henteu.

Bentuk paling remen nu narajang jalma sawawa nyaéta AML jeung CLL, sedengkeun nu ka barudak mah ALL.

                                     

3. Kasang tukang

Kasang tukang nu jadi sabab ieu kasakit can kénéh kanyahoan, nu pasti mah mémang aya pangaruh faktor génétik jeung lingkungan. Leukemia mangrupa balukar tina mutasi somatik DNA nu ngaruksak régulasi paéh jeung divisi/beulahna sél. Mutasi ieu lumangsung spontan atawa balukar radiasi atawa karsinogén nu mangaruhan faktor génétik.

Virus ogé dipatalikeun jeung sababaraha bentuk leukemia. Misalna inféksi HIV nu ngabalukarkeun AIDS atawa virus T-limfotropik manusa human T-lymphotropic virus, HTLV-1 jeung -2 nu ngabalukarkeun leukemia sél T sawawa/limfoma.

                                     

4. Prognosis jeung tatamba

Prognosis jeung natambakeun leukemia dibédakeun gumantung tipe sarta ciri individual. Pikeun conto, ku sabab CLL can bisa diubaran ku kémoterapi baku, pasénna teu kudu waka diubaran naon-naon salila mangtaun-taun mun sipatna asimtomatik. Sabalikna, aya pasén AML nu bisa nepi ka hanteuna dina itungan jam atawa poé mun teu geuwat ditatambakeun ku jalan kombinasi kémoterapi jeung/atawa cangkok sél stém alogenik.

Panalungtikan kiwari diarahkeun kana nyusud mékanisme molekular leukemia.

                                     

5. Tumbu kaluar

  • Information and advocacy for leukemia
  • Unofficial summary of UKCCS, and of UKCCS publications
  • Association of Cancer Online Resource ACOR Leukemia Links
  • FAQ on leukemia
  • Leukaemia Research Fund UK
  • The Anthony Nolan Trust UK