Back

ⓘ Tutut




Tutut
                                     

ⓘ Tutut

Tutut nyaéta sato anu cangkangan nu hirupna dina leutak. Tutut sok diangeun pikeun deungeun sangu ari didaharnna dikecrok nepi ka beunang eusina. Tutut miboga cangkang anu mangrupa imahna anu wangunna méncos rerenggian. Tutut sabenerna bisa dijadikeun dahareun nu loba mibanda protéin kawilang loba.

                                     

1. Kandungan Giji

Giji dina tutut Inggris: snail atawa basa Perancis disebut Escargot, mangrupa jinis sato moluska. Tutut miboga 100 spesies jeung gumantung kana jinis tempat cicingna. Biasana tutut anu didahar téh anu jinis Helix pomatia jeung Helix aspersa. Tutut jadi kadaharan anu rasana ngeunah, tutut pikeun kadahareu lain di Indonésia waé tapi di nagara-nagara séjén ogé saperti Perancis anu cara sajina téh saperti appetizer, sedengkeun di Amérika jeung Australia, tutut anu disebutna abalone ilaharna didahar pikeun dahareun anu pang utamana, saperti Spaghetti with escargots jeung Abalone in oyster sauce. Tutut loba ngandung protéin, tapi saeutik lemakna. Dina saratus gram bagian anu bisa didahar aya 16 g protéin, jadi lamun urang ngadahar 100 g tutut, dina awak urang bakal aya 32% protéin tina kabutuhan sapopoé. Konsumsi protéin hewani dina dahareun sapopoé dibutuhkeun ku awak salain protéin nabati. Lemak dina 100 g tutut nyaéta 1.4 g. Lemak anu aya dina tutut mangrupa asam lemak essensial dina bentuk asam linoleat jeung asam linolenat. Kandungan vitamin dina tutut rada loba kalayan dominasi vitamin A, vitamin E, niacin jeung folat. Lamun urang ngadahar 100 gram tutut, jadi urang bakal nyumponan 2% vitamin A, 23% vitamin E, 7% niacin jeung 66% folat. Kandungan mineral anu aya dina tutut mangrupa kalsium, zat beusi, magnesium, kalium jeung fosfor. Lamun urang ngadahar 100 g tutut, jadi geus nyumponan 17% kalsium jeung 13.5% zat beusi pikeun kabutuhan awak sapopoé. Zat beusi dina tutut jumlahna 3.5 mg, leuwih loba dibandingkeun zat besi dina daging 2.5 mg atawa lauk 2.4 mg.

                                     
  • Tutut nyaéta salah sahiji Gampong di kacamatan Sungai Mas, Kabupatén Aceh Barat, Propinsi Acéh, Indonésia. Citakan: Sungai Mas, Aceh Barat
  • Siti Hardijanti Rukmana, atau sering dikenal juga dengan nama Mbak Tutut gumelar di Jakarta, 23 Januari 1949 umur 72 taun nyaéta Menteri Sosial Républik
  • swasta ketiga di Indonesia setelah RCTI dan SCTV. MNCTV didirikan oleh Mbak Tutut dan dulu sebagian besar sahamnya dimiliki oleh PT Cipta Lamtoro Gung Persada
  • tradisisonal saperti ngadahar iwung, nu hanyir - hanyir jiga harmis jeung tutut Penyakit Hati Penyakit Liver Obat, Gejala, dll. Hello Sehat Hello
  • présidén Indonésia ka - 5. 1949 Siti Hardijanti Indra Rukmana alias Mbak Tutut pulitisi Indonésia 1950 Richard Dean Anderson, aktor Amérika 1957 Caroline
  • intip, bisi bali orok kaluarna hésé nu keur reuneuh teu meunang ngadahar tutut bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun. Dina kamus ieu, kecap pamali
  •  355. Yudhistira Ghalia Indonesia 2002 Pasir Di Yanti herlanti, Tutut M Lestari, Donny H.F, Fatmi Septi Sari, S.Si. Llmu Pengetahuan Alam Ipa
  • hirup organisme saperti teritip Krustasea, Cirripedia haremis jeung tutut Bivalvia jeung Gastropoda anu hirup handapeun beungeut cai, aya anu hirup

Users also searched:

...