Back

ⓘ Iskandarwassid




Iskandarwassid
                                     

ⓘ Iskandarwassid

Prof. Dr. Iskandarwassid, MPd, Iswas, kitu nénéhna sapopoé lahir di Cimahi, Bandung 10 Mei 1939, agamana Islam Ngaran istrina Siti Jenab. Anak-anakna nyaéta Sonny Wijaksana, Rinni Hanaria, Fitri Ganjari, Riana Surtikanti, jeung Arismaya. Pikeun Iswas ngarang téh sarua jeung ngawujudkeun hasil observasi pasif sanggeus diadumaniskeun jeung imajinasi. Kungsi dicoba, anjeunna nulis karya ukur ngandelkeun hasil imajinasi, tétéla hasilna teu nyugemakeun. Minatna kana sastra mimiti timbul nalika anjeunna sakola di kelas lima SD. Jaman harita, guruna, Ardiwinata sering ngadongéng di hareupeun kelas. Ari anu didongéngkeunana biasana meunang nyutat tina buku-buku basa Sunda terbitan Balai Pustaka saperti Nunggul Pinang jeung Trésna Séna jeung Nyi Putri Sedihasih.

                                     

1. Atikan

  • SR Cipageran 1953
  • SGB 1956
  • SGA Negeri 1 Bandung 1959
  • S3 UPI Bandung 2002
  • Sarjana Bahasa dan Sastra Indonésia IKIP Bandung 1973
  • Sarjana Muda Bahasa dan Sastra Sunda/ Indonésia IKIP Bandung ayeuna UPI 1964
  • S2 Pendidikan IKIP Bandung
                                     

2. Karir

  • Guru Bahasa Inggris SMP BPI
  • Dosén FKSS IKIP Bandung ti 1978
  • Rédaktur Majalah Campaka
  • Dosén Program Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, UPI Bandung ti 2009
  • Rédaktur Majalah Pitaloka
  • Kolabolator Dr. H. Chambert Loir EFéo L’Ecole Francaise d’Extreme-Orient 1972-1976
  • Rédaktur Majalah Sangkuriang.
  • Guru SMA Negeri XI Bandung 1967-1979
  • Wakil Kepala Sekola 1974
  • Guru SD 1960
                                     

3. Panglélér

  • Hadiah Sastra Manglé pikeun tulisan judulna "Pernahna Dayeuh Pajajaran ceuk Pantun" 1976
  • Hadiah Sayembara Menulis Pantun ti Majalah Teruna, Jakarta 1955 ros.
  • Hadiah Rancagé pikeun buku kumpulan carpon Halimun Peuting.

Ngeunaan sawaréhna tina sipat dirina, Iskandarwassid ngajéntrékeun kieu: "Ari pangna bisa dalit jeung Kang Karna, jalan-jalanna mah pédah kuring rada ngangkrang. Duka naon lantaranana harita kuring boga sipat kitu. Dina diskusi-diskusi, kana gagasan jeung pamanggih batur téh sok hayang ngaduan waé. Pédé, sakapeung operékting, duka kompénsasi tina naon. Ka Kang Karna gé kitu. Hayangna mah meureun harita téh dilayanan. Tapi da Kang Karna mah teu biasa kitu.

                                     
  • Éta lembur teu matak pikabetaheun maksudna rarujit, teu aman, jsté. Iskandarwassid 2016 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • jeung transliterasi Ing.transliteration Lat.trans - alih liters aksara Iskandarwassid 2015 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • patali jeung lalaguan pujian kanggo Gusti jeung sajabana Gita puja. iskandarwassid 2016 kamus istiah satra sunda. bandung: geger sunten. p. 72. Setiawan
  • sim bo lis a minangka lambang jadi lambang ngeunaan lambang: lukisan - - Iskandarwassid 2016 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 217. 
  • Lat. Yun.dialogos dialegin dia - di antara legein nyarita, ngomong Iskandarwassid 2015 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • réading sabab milu nendeskeun harti, léotan wirahma, atawa éndahna puisi. Iskandarwassid 2015 Kamus Istralah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunken. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • lantaran jadi panghalang kahayang, perang batin dina diri palaku sorangan. Iskandarwassid 2016 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • jaman baheula. Contona, wanda novel perang bubat karya Yoséph Iskandar. Iskandarwassid Bandung 2016 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Gege Suten. 
  • rupa - rupa gaya basa babandingan: metonimi, personipikasi, smile, jste. Iskandarwassid 2015 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • sandiasma téh di antarana achmad basach, moch.kurdi, M.A salmun, ayatrohaédi. Iskandarwassid 2015 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
  • jeung kahirupan sastra lisan kudu gampang diapalkeun da kudu ditalar. Iskandarwassid 2016 Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978 - 602 - 7785 - 78 - 6
                                               

Kadalon

Istilah Kadalon digunakeun ku M.A.Salmun pikeun salasahiji corak basa janget ; dina harti sarua jeung pléonasmeu.Sipat kadalon anu kaleuwihan téh sakapeung mah sok jadi mamanis basa.Contona: Kembar sapasang; jangkung luhur; ngapung ka luhur; ngapung ngawang-ngawang.

Imajinasi
                                               

Imajinasi

Imajinasi nyaéta salasahiji kamampuh pikiran, kamampuh nyipta, ku jalan ngudaran sakur anu geus maraneuh, tuluy diréka deui dina wujud anyar. Ku kituna, imajinasi téh gawéna lain ngan ukur ngaranjing-ranjing, tapi ngarandakah cara hirupna pepelakan. Imajinasi pohara pentingna pikeun pangarang, boh dina ngarang prosa boh dina ngarang puisi.

                                               

Roman ilahar

ILAHAR, ROMAN ieu istilah disebut ku M.A. Salmun pikeun golongan roman atawa novel anu eusina nyaritakeun kajadian-kajadian anu ilahar, bisa atawa mungkin kajadian dina kahirupan masarakat; lain pamohalan. Tingali réalismeu.

                                               

Denouement

Denounement asal tina bahassa Prancis. Dina drama anu disebut denounement téh nyaéta adegan pungkasan, boh dina komédi boh dina tragedi; tungtung kajadian carita, rupaning rasiah geus kabuka, ku hianat geus katohyan, atawa pacéngkadan alatan salah paham geus lubar Jsté. Nilik wangenan kitu, aya alusna upama dina sastra Sunda di paké istilah pungkasan, atawa pungkasan carita.

Users also searched:

...