Back

ⓘ Moldova




Moldova
                                     

ⓘ Moldova

Pikeun kagunaan lian ti "Moldova" tempo Moldova disambiguasi

Républik Moldova mangrupa nagara nu aya di antara Rumania jeung Ukraina, di Éropa Wétan. Moldova teu miboga aksés ka laut.

Dina jaman baheula, Moldova mangrupa bagian ti Dacia, nu labuh ka kawasa Romawi. Kalobaannana ti wewengkon Moldova mangrupa bagian ti Kapangéranan Moldavia dina abad patengahan. Bagian wétan kapangéranan ieu teras dianéksasi ku Kakaisaran Rusia dina taun 1812 jeung wewengkon ieu kawanoh minangka Bessarabia. Nalika pambubaran Kakaisaran Rusia taun 1917, Républik Démokratik Moldavia diwangun, nu saterasna ngagabung jeung Romania Raya dina taun 1918. Dina taun 1940, Bessarabia dikawasaan ku Uni Soviét, jeung dibagi antara Républik Sosialis Soviét Ukraina jeung Républik Sosialis Soviét Moldova. Kalawan labuhna Soviét taun 1991, Moldova ngadéklarasikeun kamerdékaanna.

Nagara ieu mangrupa nagara démokrasi parleménter, kalawan présidén salaku pupuhu nagara jeung perdana menteri salaku pupuhu pamaréntahan. Moldova mangrupa anggota PBB, WTO, OSCE, GUAM, CIS, BSEC, jeung organisasi internasional lianna. Moldova ayeuna ngusahakeun sangakan ngagabung ka Uni Éropa.

Kira-kira ¼ padumuk Moldova masih hirup kalawan pangasilan kirang ti $2 per poé.

                                     

1. Sajarah

Dina jaman Néolitik, wewengkon Moldova mangrupa puseur paradaban Cucuteni-Trypillia. Paradaban nu lumangsung ti taun 5500 nepi ka 2750 SM ieu geus nyaho tatanén, ingon, pamoroan, jeung gagarabah. Dina éra klasik, bangsa Dacia nyicingan wewengkon Moldova. Antara abad ka-1 nepi ka abad ka-7, wewengkon ieu dikawasa ku Kakaisaran Romawi. Lantaran aya dina rute antara Asia jeung Éropa, wewengkon Moldova modérn ditarajang turut-tumurut ku séé Goth, Hun, Avar, Magyar, Pecheneg, Cuman, jeung Mongol.

Dina taun 1359, Kapangéranan Moldavia diwangun. Kapangéranan ieu minangka tributary Kasultanan Utsmaniyah kalawan hak otonomi internal taun 1538. Liwat Traktat Bukares 1812, Utsmaniyah masihan wewengkon wétan Moldavia katelah minangka Bessarabia ka Kasultanan Utsmaniyah. Bagian kulon Moldavia nu sanés wewengkon Moldova modérn tetep minangka kapangéranan otonom, jeung dina taun 1859 bareng jeung Wallachia ngawangun Karajaan Romania.

Sanggeus Révolusi Rusia 1917, Républik Démokratik Moldavia diproklamasikeun. Salajengna, républik ieu ngahiji jeung Romania Raya taun 1918. Dina 28 Juni 1940, basa Perang Dunya II, Romania narima ultimatum ti Uni Soviét. Romania kapaksa masihan Bessarabia jeung Bukovina Kalér ka Soviét pikeun nyingkahan perang. Ku Soviét, wewengkon éta teras dibagi antara Républik Sosialis Soviét Ukraina jeung Républik Sosialis Soviét Moldova. Dina taun 1991, Uni Soviét éléh, jeung Moldova ngadéklarasikeun kamerdékaanna dina 27 Agustus 1991.

Dina Séptémber 1990, pamaréntahan séparatis diwangun di Transnistria wewengkon Moldova. Sanggeus, Transnistria sacara de facto merdéka, tapi euweuh anggota PBB nu ngakuan kamerdékaanna.

                                     

2. Politik jeung pamaréntahan

Moldova ngalaksanakeun pamaréntahan républik parleménter nu démokratis jeung répréséntatif. Konstitusi Moldova 1994 ngatur lumangsungna pamaréntahan.

Badan législatif Moldova nyaéta Parlemén Moldova Parlament, nu miboga 101 korsi jeung anggotana dipilih saban opat taun. Pupuhu nagara Moldova nyaéta présidén, nu dipilih ku parlemén. Présidén bisa nunjuk perdana menteri nu kagungan tugas salaku pupuhu pamaréntahan jeung bisa nunjuk kabinét. Institusi yudikatif dilaksanakeun ku Pangadilan Konstitusional Moldova.

Hubungan luar nagri

Sanggeus miboga kamerdékaanna, Moldova mimiti muka hubungan jeung nagara-nagara Éropa. Moldova ngagabung ka Déwan Éropa, PBB, OSCE, NACC, WTO, IMF, Bank Dunya, Francophonie, jeung European Bank for Reconstruction and Development. Moldova ogé ngusahakeun néang paréngséan rapih dina konflik di Transnistria kalawan ménta bantosan médiasi internasional.

                                     

3. Géografi

Moldova mangrupa nagara nu aya di Éropa Wétan. Posisi Moldova aya dina koordinat 45°28 - 48°28 kalér jeung 26°40 - 30°06 wétan. Luas nagara Moldova nyaéta 33.843 km², kalawan luas wewengkon daratan kira-kira 33.371 km² jeung luas caina 472 km².

Kalobaannana ti wewengkon Moldova aya di antara dua walungan, nyaéta Walungan Dniester jeung Prut. Wates kulon Moldova diwangun ku walungan Prut, samentara walungan utama di wétan nyaéta Dniester nu ngalir ti kalér ka kidul.

Nagri ieu teu boga aksés ka laut sanajan aya di deukeut Laut Hideung. Kalobaannana ti wewengkon Moldova loba papasiran, tapi kaluhuran teu pernah leuwih ti 430 m 1.411 ft. Puncak pangluhurna di Moldova nyaéta Pasir Bălănesti. Papasiran di Moldova mangrupa bagian ti Dataran Luhur Moldavia, nu sacara géologis asalna téh ti Pagunungan Carpathia. Di kidul Moldova aya dataran handap nu disebut dataran Bugeac.

Moldova miboga 745 rupa taneuh, jeung 75% di antarana chernozem, 10% taneuh leuweung soklat jeung kulawu, 7% taneuh dataran caah jeung padang jukut, sarta 8% mangrupa rupa taneuh nu séjén. 53% taneuh Moldova dipaké pikeun ngawuluju taneuh, 14% pikeun tatanén gandum, 13% pikeun ladang pastura, 9% leuweung jeung 11% sésana pikeun kagunaan lian.

Végétasi utama Moldova nyaéta stépa leuweung, nu diwangun ti tegal jeung leuweung. Dina abad ka-19, wewengkon leuweung Moldova ngirang drastis lantaran dikonvérsi kana lahan tatanén. Di Moldova aya kira-kira 2.300 rupa tutuwuhan, 68 rupa mamalia, 270 rupa manuk jeung kira-kira 10.000 rupa invértébrata.

Moldova miboga lahan tatanén nu alus, tapi ngan miboga saeutik sumber daya mineral. Sumber daya alam Moldova mangrupa material wangunan, bahan atah semén, kaca, jeung beusi. Di nagara ieu aya ogé saeutik lahan minyak jeung gas.



                                     

4. Babagian administratif

Moldova kabagi kana 32 distrik raionul, tiga munisipalitas jeung dua wewengkon otonom Gagauzia jeung Transnistria. Aya 65 kota jeung 917 komune di Moldova.

Di handap ieu nyaéta daptar distrik di Moldova:

Status ahir Transnistria masih dipaséaan sabab pamaréntah puseur heunteu ngawasaan wewengkon éta.

                                     

5. Ékonomi

Kalawan PDB per kapita PPP $2.842, Moldova mangrupa nagara nu pangmiskinna di Éropa. Moldova teu miboga sumber daya mineral nu gedé, janten ékonomina ngagantung kana agrikultur.

Taneuh nu subur jeung iklim nu sedeng ngajadikeun Moldova salaku panyuplai utama produk agrikultur di Éropa Tenggara. Nagara ieu katelah kana wine -na. Moldova miboga lahan anggur saluas 147.000 héktar.

Nagri ieu kedah ngimpor minyak bumi, batu bara, jeung gas alam pikeun minuhan kabutuhan énerginya. Kalobaannana ti sumber daya diimpor ti Rusia. Moldova masih ngusahakeun néangan invéstor dina widang énergi.

Di Moldova, aya jalur karéta api sapanjang 1.138 km 707 mi jeung jalan bébas sapanjang 12.730 km 7.910 mi. Jalan asup utama ka Moldova liwat udara nyaéta Bandar Udara Internasional Kishinev.

                                     

6. Démografi

Dumasar kana sénsus taun 2004, Moldova dikira-kira miboga populasi 3.938.679 jiwa kaasup Transnistria jeung Bender. 69.62% ti padumuk Moldova mangrupa bangsa Moldova. Étnis lian di Moldova nyaéta Ukraina 11.23%, Rusia 9.39%, Gagauz 3.85%, Romania 1.87%, Bulgaria 2.02%, Rom 0.32%, Yahudi 0.12%, Polandia 0.11%, jeung sababaraha grup étnis lianna 1.46%.

Konstitusi Moldova nyebutkeun yén basa resmi Républik Moldova nyaéta basa Moldova, jeung panulisanna dumasar kana aksara Latin, samentara déklarasi kamerdékaan Moldova nyebutkeun yén basa resmi Moldova nyaéta basa Romania.

Aya kontrovérsi ngeunaan idéntitas étnis Moldova. Sababaraha ahli satuju yén basa Moldova jeung Romania mangrupa basa nu sarua. Pamikiran ieu ogé diageman ku sababaraha politikus Moldova. Dina 29 Séptémber 2009, Perdana Menteri Moldova Vlad Filat janten pamingpin Moldova kahiji nu sacara kabuka nyebatkeun yén basana nyaéta "basa Romania.

Basa Rusia diberé status "basa pikeun komunikasi antarétnis" di Moldova. Dina praktikna, basa ieu sacara luas digunakeun dina masarakat jeung pamaréntahan. Basa Gagauz jeung Ukraina miboga jumlah panyatur nu lumayan loba.

Agama nu loba diageman di Moldova nyaéta Ortodoks Wétan 93.3%. 2% populasi Moldova ngageman agama Protéstan, 1.2% agama lian, 0.9% iréligius jeung 0.4% atéis.



                                     

7. Budaya

Budaya Moldova mangrupa campuran ti budaya Romania jeung Soviét. Idéntitas budaya Romania sorangan kawangun ti pangaruh budaya Romawi jeung Dacia, dibeungharan ku pangaruh budaya Slavia dina abad patengahan. Figur penting dina kamekaran budaya Moldova nyaéta Varlaam, Dosoftei, Grigore Ureche, Miron Costin, Petru Movilă, Nicolae Milescu-Spãtaru, Dimitrie Cantemir, Ion Neculce, Gavriil Bănulescu-Bodoni, Alexandru Hîjdău, Alexandru Donici, Constantin Stamati, Costache Negruzzi, Bogdan P. Hasdeu, Ion Creangă, jeung Mihai Eminescu.

                                     
  • nagara urut Uni Soviét: Géorgia, Ukraina, Uzbékistan, Azérbaijan, jeung Moldova 2008 - Bubukaan Euro 2008. 2017 Serangan bom maéhan manéh narajang parlemén
  • panyulikan ku anggota kaamanan. 2009 Protés massa dimimitian di sakuliah Moldova lantaran yakin yén pamilihan parlemén geus dilicikan. 2017 Serangan Stockholm
  • 139 km2 Région Lima, Péru 32.900 km2 Dano Tanganyika 33.843 km2 Moldova 33.920 km2 Hainan 35.892 km2 Région Piura, Péru 36.125 km2 Guinéa - Bissau
  • Islandia Ireland Itali It. It. Latvia Lich. Lituania Lux. Mac. Malta Moldova Monako Mont. Bel Norwégia Polandia Portugis Romania Rusia Rus. S. Mar
  • Mauritania - Mauritius - Mayotte - Meksiko - Mesir Féderasi Mikronésia - Moldova - Rep. Moldavia Pridnestrovian tempo Transnistria - Monako - Mongolia
  • perang di Transnistria. 1992 Armenia, Azerbaijan, Kazakhstan, Kyrgyzstan, Moldova San Marino, Tajikistan, Turkmenistan katut Uzbekistan arasup PBB. 1995
  • Cléopatra Stratan babar 6 Oktober 2002 nyaéta penyanyi Moldova pangngorana sapanjang sajarah nu nyatetkeun hasil sacara komérsil, kalayan album 2006 - na
  • Bélarusia RSS Uzbék RSS Kazakh RSS Géorgia RSS Azerbaijan RSS Lituania RSS Moldova RSS Latvia RSS Kirgiz RSS Tajik RSS Arménia RSS Turkmén RSS Éstonia Union
  •  Israél Kosovo Kroasia Kuwait Libanon Libya Makédonia Maroko Mesir Moldova Monténégro Oman Paléstina Qatar Romania Rusia Saudi Arabia Sérbia
  • 1308, dina waktos nu singket ngalegaan kakawasaanna kaa Wallachia jeung Moldova Raja Matthias Corvinus anu heunteu ngawangun dinasti, murangkalihna János
  • Anggota Arménia  Azerbaijan  Bélarus  Kazakhstan  Kirgizstan  Moldova Rusia  Tajikistan  Uzbékistan Associate member Turkménistan  Ukraina
  • Albania, Bulgaria, Bosnia jeung Hérzégovina, Kroasia, Moldova Monténégro, Romania, Sérbia, Macédonia, jeung Kosovo nanda tangan Perjangjian Perdaganagn
  • Démokrasi jeung Pamekaran Ékonomi Anggota ayeuna Azerbaijan    Géorgia   Moldova    Ukraina Urut anggota Uzbékistan Panénjo Latvia    Turki

Users also searched:

...
...
...