Back

ⓘ Samangka




Samangka
                                     

ⓘ Samangka

Samangka nyaéta bungbuahan anu tangkalna ngarambat siga Bonténg jeung Mélon kaasup kana kulawarga Cucurbitaceae. Samangka wangunna buleud, daging buahna ngandung cai, warnana rupa-rupa, aya beureum; beureum ngora; oranyeu; konéng; aya ogé anu bodas, cangkangna kandel tur heuras warnana héjo ngora tur aya belangan warna héjo kolot atawa héjo ngora aya belangan warna bodas. Samangka mimiti kapanggih di wewengkon Afrika beulah kidul. Salian ti bisa didahar langsung, samangka ogé biasana dijadikeun saladah atawa dijus, tapi ngadaharna ulah dihijikeun jeung gula kawung sabab bisa jadi racun. Lain sakadar buahna hungkul, siki katut cangkangna gé bisa dimangpaatkeun. Cangkangna bisa diolah jadi acar siga Bonténg. Sikina bisa diolah jadi koaci.

                                     

1. Sajarah

Kecap samangka mimiti aya dina kamus Inggris taun 1615. Samangka asalna ti wewengkon Afrika beulah Kidul alatan kapanggih tumuwuh di sakumna wewengkon, sarta ngahontal maksimum karageman wangunna di ditu tur geus dibudidayakan di Afrika salila leuwih ti 4.000 taun. Dina taun 1857, David Livingstone ngalaporkeun yén samangka loba tumuwuh di Gurun Kalahari Namibia jeung Botswana saenggeus hujan anu kacida gedéna. Citrullus colocynthis dianggap karuhun samangka, sarta ayeuna kapanggih di Afrika beulah kidul jeung kulon. Buahna leutik, diaméter panggedéna 75 mm 3 inci, dagingna pait sarta miboga siki anu leutik warnana coklat. Sanajan Citrullus spesies tumuwuh di kidul sarta tengah Afrika, C. colocynthis ogé tumuwuh di India.