Back

ⓘ Jakarta




                                               

Amandel

Amandel atawa mandel mangrupa struktur normal anu kapanggih dina unggal sisi tukang tikoro. Ieu organ bagian tina sistem imun jeung bisa ngahasilkeun antibodi keur ngalawan sababaraha wanda kuman anu nyerang kaséhatan baham. Ukuran amandel téh leutik, sabab tempatna dina puhu tikoro belah kénca jeung katuhu lebah tungtung tukangeun rongga baham. Duanana diwangun ku jaringan anu méh sarupa jeung kelenjar getah bening anu ditutupan ku lapisan kulit anu warnana kayas. Amandel dina baham barudak leuwih gedé tibatan anu sawawa. Beuki kolot ukuran amandelna bakal ngaleutikan. Dina awak manusa am ...

                                               

Palatum

Palatum nyaéta hiji tulang cekung anu ngabentuk lalangit satukangeun alveoli atawa tulang kapanggih dina lalangit baham manusa. Palatum perenahna antara rongga baham jeung rongga irung. Palatum ogé ngabentuk lalangit cavum oris jeung dasar cavum nasi. Palatum dibentuk ngaliwatan prosés palatal tina prosés maksilaris anu tumuwuh kana medial anu ngahiji jeung septum nasalis dina garis tengah. Ieu prosés ngabentukna téh bakal lumangsung kira-kira dina waktu 9 minggu basa dina kakandungan. Palatum anu teuas kabentuk dina waktu tumuwuh awak ku prosés maksilaris jeung tulang palatina anu dihijik ...

Jakarta
                                     

ⓘ Jakarta

Daérah Khusus Ibukota Jakarta nyaéta salah sahiji propinsi sakaligus ibu kota Indonésia. Lantaran Jakarta minangka hiji dayeuh nu dijadikeun puseur dayeuh Indonésia, ku kituna Jakarta boga status nu sarua jeung propinsi. Jakarta aya di beulah kulon kidul Pulo Jawa. Dina taun 2004, legana kurang leuwih 650 km² sarta pangeusina aya 8.792.000 jiwa.

                                     

1. Sajarah

Jakarta dipikawanoh minangka palabuan di muhara Walungan Ciliwung. Asal-usulna bisa dijujut ti jaman Hindu dina abad ka-5. Urang Éropah nu munggaran datang ka Jakarta nyaéta urang Portugis. Dina abad ka-16, pangéréh ti Portugis dibéré idin ngadegkeun bénténg di Sunda Kalapa.

Asal-usul milangkala Jakarta kaping 22 Juni nyaéta ditalukeunnana Sunda Kalapa ku Fatahillah taun 1527, ogé lantaran kitu ngaran dayeuhna diganti jadi Jayakarta nu hartina "kameunangan".

Urang Walanda datang ka Jayakarta ahir abad ka-16 dina taun 1619, VOC dipingpin ku Jan Pieterszoon Coen nalukkeun Jayakarta sarta saterusna ngarobah ngaran dayeuhna jadi Batavia. Dina jaman Walanda, Batavia tumuwuh jadi kota gedé tur penting.

Éréhan ku Jepang dimimitian taun 1942 sarta ngaganti ngaran Batavia jadi Jakarta keur narik hate pangeusina dina mangsa Perang Dunya II. Kota ieu ogé minangka tempat Proklamasi Kamerdékaan Républik Indonésia tanggal 17 Agustus 1945 tur ditempatan ku Walanda nepi ka diakuna kadaulatan taun 1949.

Dina Méi 1998, kajadian karusuhan di Jakarta nu sasarannana lolobana urang Tionghoa. Gedong MPR/DPR dicicingan ku mahasiswa nu kahayang réformasi. Ahir tina karusuhan ieu nyaéta turunna Présidén Soeharto tina korsi kaprésidenan.

                                     

2. Basa

Karajaan Tarumanagara anu puseurna di Sundapur, kungsi disérang sarta ditalukkeun ku karajaan Sriwijaya ti Sumatera. Ku lantaran kitu étnis Sunda di palabuan Sunda Kalapa laér saméméh Sumpah Pemuda. Masarakatna geus ngagunakeun basa Malayu anu umum dipaké di Sumatéra saterusna dijadikeun minangka basa nasional. Alatan béda basa anu dipaké, dina awal abad ka-20, Walanda nganggap jelema anu bubuara di sabudeureun Batavia minangka étnis anu béda jeung etnis Sunda sarta disebut etnis Batawi kecap turunan tina Batavia. Sanajan kitu loba kénéh ngaran wewengkon sarta ngaran walungan anu masih tetep dipertahankeun maké basa Sunda saperti ngaran-ngaran Ancol, Pancoran, Cilandak, Ciliwung, Cideng anu asalna tina Cihideung sarta saterusna robah jadi Cideung sarta ahirna jadi Cideng, sarta ngaran-ngaran séjénna anu masih luyu jeung ngaran-ngaran tempat anu digambarkan dina naskah buhun Bujangga Manik anu ayeuna ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris.

Sanajan basa formal anu dipaké di Jakarta nyaéta Basa Indonésia, basa informal atawa basa gaul sapopoé nyaéta Basa Indonésia dialek Betawi.

Basa daérah ogé dipaké ku anu asalna ti wewengkon séjén, saperti basa Sunda, basa Jawa, basa Minang, basa Batak, basa Madura, basa Bugis, ogé basa Tionghoa. Hal ieu lumangsung alatan Jakarta minangka tempat rupa-rupa séké sélér panggih. Pikeun komunikasi di antara rupa-rupa séké sélér, dipaké Basa Indonésia.

Iwal ti éta, mucunghul ogé basa gaul anu tumuwuh di golongan nonoman kalawan kecap-kecap anu sakapeung dicampur jeung basa deungeun. Sababaraha conto pamakéan basa ieu téh Pléase dong ah!, Cape deh!, sarta So what gitu loh!.

Basa Inggris mangrupa basa deungeun anu panglobana dipaké, utamana pikeun kapentingan diplomatik, atikan, sarta bisnis.

                                     

3. Budaya

Minangka puseur dayeuh Indonésia, Jakarta ngirut pendatang ti sakumna Indonésia, alatan kurang ratana kamekaran di puseur sarta wewengkon ngabalukarkeun arus urbanisasi anu gedé. Urbanisasi ieu pisan anu mawa sagala rupa budaya asup ka Jakarta. Suku-suku anu nyicingan Jakarta di antarana Urang Batawi, Jawa, Sunda, Minang, Batak, jeung Tionghoa.

Budaya Batawi minangka padumuk asli rada kasilih ku budaya séjén boh ti Indonésia boh budaya deungeun. Pikeun ngamumulé budaya Batawi, diadegkeun cagar budaya di Dinya Babakan.

Budaya séjén anu ogé has di Jakarta nyaéta basa gaul anu diomongkeun ku para rumaja. Sawatara conto pamakéan basa ieu téh Please deh ah! sarta So what gitu loh!.

                                     

3.1. Budaya Musik

Musik tradisional atawa modérn di Jakarta ngagambarkeun ngahijina antarbudaya sarta étnis. Pangaruh ti luar Indonésia asalna ti Walanda, Tiongkok, Portugis, Arab sarta India. Komo nepi ka ayeuna, Jakarta masih dianggap kiblat pikeun kamekaran musik di Indonésia.

Pikeun musik tradisional di Jakarta, kawas tanjidor sarta gambang kromong, aya pangaruh etnis ti luar Jakarta Sunda kawas pamakéan rebab sarta tarompet tradisional. Saterusna pangaruh deungeun kawas Trombone sarta Gitar ti Éropa sarta sawatara wirahma musik tradisional Tionghoa.

                                     

3.2. Budaya Tari

Seni ibing di Jakarta mangrupa ngahijina antar unsur-unsur budaya anu aya di jerona. Mimitina seni tari di Jakarta mibanda pangaruh ti Sunda sarta Tionghoa kawas ibing anu mibanda corak tari Jaipong kalawan kostum penari has pamaén Opera Beijing. Tapi Jakarta bisa dingaranan wewengkon anu pangdinamisna. Sajaba ti seni tari heubeul ogé mecenghul seni tari jeung gaya sarta koréografi anu dinamis.

                                     

3.3. Budaya Carita Rahayat

Carita rahayat anu mekar di Jakarta, sajaba ti carita rahayat anu geus dipikawanoh kawas Si Pitung, ogé dipikawanoh carita rahayat séjén kawas serial Jagoan Tulen anu ngalalakonkeun jawara-jawara Batawi boh dina pajoangan boh kahirupana anu katelah "heuras". Sajaba ti ngadongéngkeun jawara atawa jawara dunya pasilatan, ogé dipikawanoh carita Nyai Dasima anu ngagambarkeun kahirupan jaman kolonial.

Sajaba ti budaya musik, tari-tarian sarta carita rahayat, balaréa Batawi ogé mikawanoh seni lenong sarta topeng batawi Si Janthuk anu kiwari geus dianggap langka.

                                     

4. Démografi

Jumlah pangeusi di Jakarta kira-kira 7.512.323 2006 tapi lamun beurang, angka ieu nambah marengan datangna para pagawé ti kota satelit saperti Bekasi jeung Dépok. Kota/kabupatén nu pangpadetna nyaéta Jakarta Timur kalayan jumlah pangeusi 2.131.341 jiwa, sedengkeun Kapuloan Seribu mangrupa kabupatén nu pangeusina pangsaeutikna, nyaéta 19.545 jiwa.

Basa nu digunakeun di Jakarta nyaéta basa Indonésia. Basa daérah ogé digunakeun ku para pangeusi nu sasélér, tur ku sabab di Jakarta loba pisan séké sélérna, basa Indonésia nu dipaké. Iwal ti éta, mucunghul ogé basa gaul nu tuwuh jeung mekar di kalangan barudak ngora, tur kecap-kecapna sakapeung dicokot tina basa deungeun.

Ageman nu dianut ku masarakat DKI Jakarta kacida rupa-rupana kaasup di antarana kalima ageman nu diaku ku pamaréntah Indonésia Tempat ibadah ageman-ageman éta ogé aya di Jakarta contona:

  • Garéja Imanuél
  • Garéja Katedral Jakarta
  • Masjid Agung Al-Azhar
  • Masjid Istiqlal
  • Vihara Dhammacakka Jaya
  • Pura Adhitya Jaya


                                     

5. Pamaréntahan

DKI Jakarta mibanda status husus minangka Daerah Khusus Ibukota. DKI Jakarta ieu dibagi jadi lima kota jeung sakabupatén, nyaéta:

  • Kabupatén Kapuloan Seribu
  • Kota Jakarta Pusat, kode posna 10xxx.
  • Kota Jakarta Barat, kode posna 11xxx.
  • Kota Jakarta Utara, kode posna 14xxx.
  • Kota Jakarta Timur, kode posna 13xxx.
  • Kota Jakarta Selatan, kode posna 12xxx.
                                     

6.1. Transportasi Jero Kota

Di DKI Jakarta, aya jaringan jalan raya jeung jalan tol nu ngalayanan sakuliah kota sanajan dina kanyataanaana jumlah mobil henteu sabanding jeung jumlah jalan ogé 5-10% jeung 4-5%.

Numutkeun data ti Dinas Perhubungan DKI, kacatet aya 46 kawasan nu kalayan 100 titik simpang rawan macét di Jakarta. Définisi rawan macét nyaéta arus henteu stabil, kecepatan handap sarta antrian panjang. Kawasan nu miboga leuwih ti opat titik simpang rawan macét nyaéta:

  • Kawasan Pulo Gadung
  • Kawasan Jatibaru/Tanah Abang
  • Kawasan Roxi
  • Kawasan Pondok Indah
  • Kawasan Mampang/Buncit
  • Kawasan Kalimalang
  • Kawasan Ancol/Gunung Sahari
  • Kawasan Tambora.
  • Kawasan Pasar Minggu
                                     

6.2. Transportasi MRT Jakarta

MRT Jakarta nyaéta sistem Transit Gancang anu nganggo Karéta rél Listrik di Jakarta. Prosés pangembangan mimitian 10 Oktober 2014 diresmikeun tanggal 24 Maret 2019. MRT ieu anu geus beropérasi nyaéta Fase 1 Lebak Bulus - Bunderan HI anu liwat sabaraha stasion nyaéta:

  • Stasion MRT Cipete Raya
  • Stasion MRT Dukuh Atas BNI Salasahiji conto stasion MRT anu ngahubungkeun Stasion KA Bandara BNI City, Stasion Sudirman jeung Transjakarta
  • Stasion MRT Lebak Bulus Grab
  • Stasion MRT Bendungan Hilir
  • Stasion MRT ASEAN
  • Stasion MRT Senayan
  • Stasion MRT Istora Mandiri
  • Stasion MRT Blok M BCA
  • Stasion MRT Bunderan HI
  • Stasion MRT Blok A
  • Stasion MRT Fatmawati
  • Stasion MRT Haji Nawi
  • Stasion MRT Setiabudi Astra
                                     

6.3. Transportasi LRT Jakarta

LRT Jakarta nyaéta salasahiji sistem angkutan cepat kalawan Karéta api Ringan LRT anu direncanakeun diwangun di Jakarta, Indonésia. Aya 2 panaratas LRT di Jakarta, Pemprov DKI nu ngawangun LRT dina dalam kota nyaéta LRT Jakarta. LRT ieu dioperasikeun ku PT LRT Jakarta Anak pausahaan Jakpro. LRT Jakarta ieu nu kiwari dioperasikeun nyaéta Fase 1 Pegangsaan Dua - Velodrome anu liwat sabaraha stasion nyaéta:

                                     

6.4. Transportasi KRL Commuter Line

KRL Commuter Line saméméhna KRL Commuter Jabodetabék nyaéta layanan jalur karéta rél listrik anu dioperasikeun ku PT Kereta Commuter Indonésia, anak pausahaan PT Kereta Api Indonésia. KRL geus beroperasi di wilayah Jakarta ti mimiti taun 1976 nepi ka kiwari ngalayanan ruteu komuter di wilayah DKI Jakarta, Kota Dépok, Kota Bogor, Kabupatén Bogor, Kota Bekasi, Kabupatén Bekasi, Kabupatén Lebak, Kota Tangerang, Kabupatén Tangerang, sarta Kota Tangerang Selatan.

                                     

6.5. Transportasi Transjakarta

Transjakarta nyaéta sistem angkutan Bus Rapid Transit BRT anu pertama di Asia Kidul Wétan dan Kidul, nu parantos operasi saprak taun 2004 di Jakarta, Indonésia. Sistem ieu dirancang dumasar kana sistem TransMilenio anu suksés di Bogota, Kolombia. Transjakarta dirancang minangka moda transportasi massal pangrojong aktivitas ibu kota anu sangat padat. Transjakarta nyaéta sistem BRT anu jalur lintasan tarpanjang di dunia nyaéta 230.9 km, sarta ngabogaan 243 stasion BRT samemehna disebut halteu yang tersebar dalam 13 koridor jalur, anu mimitina beroperasi ti jam 05.00 - 22.00 WIB, sareng ayeuna beroperasi 24 jam dina sabagian koridor.

                                     

7. Pariwisata

DKI Jakarta miboga sababaraha tujuan pariwisata saperti:

  • Kebon Binatang Ragunan
  • Monumén Nasional
  • Musium Gajah
  • Taman Impian Jaya Ancol
  • Taman Mini Indonésia Indah
  • Pulo Seribu

Tempo Ogé: Musium-musium di Jakarta

                                     

8. Permasalahan

Permasalahan sosial

Posisi DKI Jakarta minangka puseur paekonomian geus ngarojong pandatang ti luar Jakarta jeung luar Jawa daratang pikeun néangan rejeki di Jakarta. Loba di antara nu daratang ka Jakarta teu dibekelan ku kaahlian jeung katérampilan husus, nepi ka dampak sosial nu sok mucunghul nyaéta masalah pangangguran nu patali jeung masalah kamiskinan sarta kriminalitas.

Jumlah pendatang di Jakarta 2002-2005

Catetan: * perkiraan id Sumber: Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta

Permasalahan lingkungan

Polusi udara jeung runtah mangrupa masalah nu disanghareupan di Jakarta. Iwal ti eta, Jakarta biasana jadi langganan banjir nalika usum hujan sabab mangpetna saluran cai jeung beuki kurangna leuweung di daérah Bogor jeung Dépok.

                                     
  • Cilincing nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Utara, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Cilandak nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Kidul, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Cipayung nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Wétan, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Jatinegara nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Wétan, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Tebet nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Kidul, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Ciracas nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Wétan, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Setiabudi nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Kidul, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Matraman nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Wétan, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Kembangan nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Kulon, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Tambora nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Kulon, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.
  • Pesanggrahan nyaéta salah sahiji kacamatan di Kota Jakarta Kidul, Propinsi DKI Jakarta Indonésia.

Users also searched:

...
...
...