Back

ⓘ Kapayang (hodgsonia)




Kapayang (hodgsonia)
                                     

ⓘ Kapayang (hodgsonia)

Kapayang atawa Hodgsonia mangrupa sabangsaning tuwuhan pineus leutik nu buahan nu kagolongkeun kana kulawarga Cucurbitaceae.

Hodgsonia dijadikeun ngaran ieu tuwuhan pikeun ngahormat Brian Houghton Hodgson dina taun 1853 ku para ahli botani Inggris Joseph Dalton Hooker jeung Thomas Thomson 1817-1878, anu nalungtik ieu tuwuhan ku pangrojong Hodgson di Himalaya.

                                     

1.1. Kaguna Kadaharan

Sanajan daging buah kapayang bisa didahar sarta taya hargana, sikina nu beunghar ku minyak mangrupa sumber kadaharan nu penting. Buahna nu biasa didahar atah-atah; rada pait, jigana dilantarankeun ku alkaloid atawa glukosa anu can dipikanyaho, tapi "aman pisan" pikeun didahar. Ilaharna, sikina dibeuleum saméméh didahar; loba urang gunung nu nganggap rasana ngeunah. Suku bangsa Naga di India ngasupkeun siki kapayang kana rupa-rupa sayur kari.

                                     

1.2. Kaguna Ubar

Daun kapayang boga mangpaat pikeun ubar. Di Malaya, maké ieu daun pikeun ngubaran nyeri irung. Daunna digaringkeun jeung dibeuleum, sarta terus diseuseup ku irung, atawa peresan pucuk jeung daunna diperes tuluy caina diulaskeun kana tatu akibat gégélan sarangga. Daunna ogé bisa dikulub supaya ngahasilkeun cacai pikeun ngubaran nyeri irung atawa ngurangan panas tiris. The ashes from burnt léaves of H. macrocarpa are also used to héal wounds.

Di wewengkon bangsa Naga, buah kapayang ditémpélkeun kana inféksi baktéri dina suku. Di Sarawak, minyak kapayang dipaké pikeun malur awak wanoja nu karék ngalahirkeun. Minyak kapayang ieu ogé dipaké bahan dasar dina pangobatan di India bagian wétan.

                                     

2. Ngaran

  • Di beulah kalér, H. heteroclita
  • India, Sikkim Lepchas: Kathior-pot ; Wewengkon Naga: Assa ; Kolasib: Khaum
  • Viétnam: Béo, Ké bao, Muróp rùng, Dây sén
  • Cina, Yunnan: You-zha-guo 油渣果
  • Bangladés: Makal ; Wewengkon Sylhet: Goolur
  • Laos: Mak klung
  • Di beulah kidul, H. macrocarpa
  • Malaysia, Tanjung Malaya: Akar kêpayang, Kêlêpayang, Pepayang, Teruah, Breuh
  • Indonésia, pulo Jawa: Akar kêpayang ; basa Sunda: Areuy picung, Cèlèng ; Sumatra: Bilungking, Kadam
  • Thailand, Wilayah Pattani: Kāpā yê
  • Basa Walanda: Kadamzaad
  • Basa bangsa Eropa
  • Basa Inggris: biji kadam seed, kapayang, ;

Sawatara ngaran ieu boga harti midua ambigu. "Kapayang" bisa boga harti Pangium edule.

Users also searched:

...