Back

ⓘ Arsitéktur




                                               

Alun-alun

Alun-alun nyaéta palataran atawa lapangan anu lega tur negrak/ terbuka, dikurilingan ku jalan bisa dipaké pikeun ngayakeun hiji kagiatan atawa gempungan, Numutkeun Van Romondt, alun-alun téh mangrupa buruan imah ngan ukurana leuwih lega. Baheula jalma anu kumawasa: Raja, Bupati, Wadana jeung Camat malahanmah lurah buruan imahna mibanda buruan lega dihareupeun pendopona, maksudna pikeun tempat ngalaksanakeun kagiatan masarakat dina urusan pamaréntahan, militér, dagang, pendidikan jeung sajabana. Leuwih jauh Thomas Nix mertélakeun cenah alun-alun mangrupa palataran anu negrak tur mibanda jar ...

                                               

Alun-alun Bandung

Alun-alun Bandung nyaéta puseur dayeuh Bandung nu dicirikeun ku sawidang taneuh nu lega. Disakurilingna aya wangunan-wangunan fungsional. Tempatna aya dideukeut Grote Postweg.

                                               

Alun-alun Garut

Alun-alun Garut mangrupa puseurna kota Garut. Miboga pola nu sarua jeung alun-alun di tempat lianna kayaning aya masjid agung, pangbérokan, pendopo, tangkal caringin, sarta sabudeureunana diwatesanan ku jalan. Di kiduleun alun-alun aya pendopo nu pungsina minangka imah dines Bupati Garut sarta tempat bupati ngayakeun lawungan-lawungan jeung para pajabat nu aya sahandapeunana atawa tempat narima tatamu jeung gegedén. Di hareupeun pendopo aya babancong. Ieu wangunan mirip jeung pasanggrahan nu wangunna panggung. Dina tata kota tradisional di Tatar Sunda, babancong mangrupa bagéan tina alun-a ...

                                               

Balé Kota Bandung

Gedong Balé Kota Bandung mangrupa salah sahiji wangunan pangkolotna di kota Bandung. Saméméh éta gedong diwangun, di lokasi éta aya gudang kopi anu Adries de Wilde, Asistén Résidén Priangan dina taun 1812. Gudang kopi éta diwangun dina taun 1819 waktu kebon kopi di Priangan mekar dina abad ka-18. Éta gudang kopi mangrupa hiji tina dalapan gedong tembok nu anyar di Bandung. Gedong nu gaya wangunan VOC éta dina taun 1906 dijadikeun kantor. taun 1923, gudang itu dibikeun ka Pamaréntah kolonial Belanda. Taun 1927 ieu wangunan dirubuhkeun keur ngawangun Gemeente Huis balé kota dumasar rarancang ...

                                               

Capit Gunting

Capit Gunting mangrupa salah sahiji ngaran susuhunan imah nu aya di Jawa Barat. Wangun wangunan ieu sakapeung sok digunakeun nalika jaman baheula atawa isa disebut ogé buhun. Sakapeung ogé nepi ka ayeuna sok sering ogé dipaké.

                                               

Stasion Cianjur

Stasion Cianjur nyaéta hiji stasion karéta api anu perenahna di Jalan Yulius Usman, Sayang, Cianjur, Cianjur. Stasion anu luhurna +438.756 méter ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi II Bandung. Stasion Cianjur aya di km 95+775 sarta mangrupa stasion kalawan kapadetan panumpang nu panglobana dina Jalur Cianjur-Padalarang. Sabada geus lila teu aktip, kiwari jalur karéta api Cianjur-Padalarang eukeur diaktipkeun deui, rél-rél anu tiheula diganti ku rél anu anyar lantaran rél nu baheula geus kolot sarta teu bisa nahan beban anu beurat teuing. Kira-kira prosés réaktivasi ieu bisa bérés ahir 2019 ...

                                               

Darmaga

Darmaga ; deremaga; dramaga nyaéta tambakan anu nyolongodor ka cai sangkan ulah kalimpasan mangsa cai caah. Darmaga nunjul ogé kana harti hiji tempat sisi laut anu ngahaja dijieun/ditémbok nyolongodor katengah pikeun nurunkeun jeung naékeun babawaan jeung panumpang kana kapal laut. Di darmaga ogé kapal laut bisa ngeusian bahan bakar, Cai bersih, miceun cai kotor/limbah kana tempat anu geus disayagikeun.

                                               

Gedung Merdeka

Gedung Merdeka nyaéta ngaran gedung nu aya di puseur kota Bandung perenahna di Jl.Asia Afrika no 65. Kungsi dijadikeun tempat Konferensi Asia Afrika, sidang-sidang jeung sekretariat Konstituante, Badan Perancang Nasional, Majelis Permusyawaratan Sementara taun 1960-1965, Konferensi Islam Asia Afrika taun 1965, jeung panglawungan-panglawungan lianna nu sipatna nasional jeung internasional.

                                               

Gedung Wisma Karya

Gedong Wisma Karya perenahna di Jalan Moh. Ali anu sacara administratif asup kana wewengkon Kampung Cikidang, désa Solok Pandan, Cianjur Kota. Ieu lokasi téh gampang pisan pikeun dihontal alatan perenahna di sisi jalan gedé di puseur kota Cianjur. Gedong Wisma Karya diwangun taun 1950-an ku warga katurunan Cina minangka gedong rupa-rupa kagiatan. Kira-kira taun 1966 ieu gedong téh dipaké ku KAMI/KAPPI Cianjur minangka puseur kagiatan. Kiwari pungsina jadi gedong olah raga ténis méja. Ieu wangunan téh mimitina mah jadi hiji bagian jeung sakola Cina anu aya di satukangeunana. Kiwari di tukan ...

                                               

Golodog

Golodog nyaéta bagéan tina imah anu perenahna aya di hareupeun panto ka rohangan tepas jeung tengah imah. Golodog ilaharna dijieun tina tangkal awi bisa ogé tina papan kai. Golodog disebut ogé babancik atawa papanggé.

                                               

Istana Cipanas

Istana Cipanas nu mangrupa Istana Kaprésidénan, perenahna di suku Gunung Gedé, Jawa Kulon. Jarakna kira-kira 103 km ti Jakarta ka arah Bandung ngaliwatan Puncak. Ieu istana téh legana leuwih kurang 26 héktar, tapi nepika kiwari ngan saukur 7.760 m² nu dipaké pikeun wangunan. Saleuwihna mah dipinuhan ku pepelakan jeung kebon tutuwuhan hias nu asri, kebon sayur jeung tutuwuhan lianna nu diatur méh sarupa leuweung leutik. Kecap Cipanas’ asalna tina basa Sunda, cai’ jeung panas’. Ieu wewengkon téh dingaranan Cipanas ku sabab di wewengkon ieu aya sumber cai panas, nu ngandung warirang, jeung ka ...

                                               

Jagorawi

Jagorawi mangrupa singgetan ti Jalan tol Jakarta - Bogor - Ciawi. Jalan tol nu posisina ngadeg ti kaler ka kidul, ti mulai wewengkon Cawang, Jakarta Wetan dugi ka wilayah kacamatan Ciawi, kabupaten Bogor. Jalan tol ieu mangrupa jalan tol paling mimiti di Indonésia, panjangna 50 kilométer, 2 jalur kendaraan dina pambagian 3 lajur masing jalur ti mimiti Cawang nepi ka Sentul Kidul, 2 lajur ti Sentul Kidul ka Ciawi.

                                               

Jalan tol

Jalan Tol nyaéta jalan umum anu mangrupa sabahagian tina sistem jaringan jalan ogé dijadikeun jalan nasional di mana anu ngagunakeun ieu jalan kudu mayar di mana geus nepi ka gardu tujuan. jalan tol ieu minangkan jalan lintas alternatif. Tapi di mana diperlukeun jalan tol ieu bisa teu jadi jalan lintas alternatif.

                                               

Jalan tol Cikampek - Purwakarta - Padalarang

Jalan tol Cikampek - Purwakarta - Padalarang atawa biasa disingget CIPULARANG mangrupa jalan tol anyar nu aya di Indonesia. Jalan tol ieu nyambungkeun ruas Jalan tol Jakarta - Cikampek jeung ruas Jalan tol Padaleunyi

                                               

Jalan tol Dalam Kota Jakarta

Jalan tol Dalam Kota Jakarta mangrupa Jalan tol nu ayana di jero kota Jakarta. Posisina sajajar jeung jalan arteri atawa protokol nu aya di kota Jakarta. Sabaraha ruas jalan tol ieu letakna aya di bagian tengah jalan protokol, sabaraha ruas deui mangrupa ruas jalan layang tol.

                                               

Jalan tol Ir. Wiyoto Wiyono

Jalan tol Ir. Wiyoto Wiyono mangrupa jalan tol nu ayana di wilayah Jakarta, nyambungkeun daérah antara Cawang dugi ka Tanjung Priok. Jalan tol ieu mangrupa jalan layang tol nu posisi jalan na aya di luhureun jalan protokol jakarta. Jalan tol ieu dikelola ku PT. Citra Marga Nusaphalapersada. Jalan tol ieu mangrupa bagian ti ruas Jalan tol Cawang - Tanjung Priok - Pluit bareng jeung Jalan tol Pelabuhan.

                                               

Jalan tol Jakarta - Tangerang

Jalan tol Jakarta - Tangerang nyaéta jalan tol nu ngahubungkeun Jakarta jeung wilayah Tangerang. Mulai ti daerah Tomang, Jakarta Kulon dugi ka wilayah Bitung, kotamadya Tangerang.

                                               

Jalan Tol Jakarta-Cikampék

Jalan Tol Jakarta-Cikampék mangrupa jalan tol nu tujuanna nyambungkeun wilayah Jakarta jeung Cikampék, jalan tol ieu diwangun kanggo ngalancarkeun perjalanan sareng nyingkat waktu perjalanan antara Jakarta nepi daerah Cikampék. Jalan tol ieu dimulai ti KM. 0 Simpang susun Cawang nepi ka daerah Cikopo, kabupatén Purwakarta. Panjang jalan tol ieu kurang leuwih 72 kilométer.

                                               

Jalan tol Padalarang - Cileunyi

Jalan tol Padalarang - Cileunyi atawa sok disingget Padaleunyi mangrupa jalan tol nu aya di pasisian kota Bandung. Jalan tol ieu mulana nyambungkeun daérah antara kacamatan Padalarang - kota Cimahi - kota Bandung jeung kacamatan Cileunyi.

                                               

Jalan tol Tangerang - Merak

Jalan tol Tangerang - Merak mangrupa bagian ti ruas tol Jakarta - Merak. Jalan tol ieu dioperasikeun ku PT. Marga Mandala Sakti. Ngahubungkeun wilayah Tangerang dugi ka Pelabuhan Merak, antara daerah Bitung, kotamadya Tangerang, ngalintasi Balaraja, Serang, Cilegon sampei ka deukeut pelabuhan Merak.

                                               

Koloseum

Koloseum nyaéta salah sahiji titinggal sajarah mangrupa arena gladiator nu diwangun ku Vespasian. Disebut ogé tempat pintonan nu kacida gedéna, wangunna elips nu disebut ampiteater atawa ngaran aslina mah Flavian Amphitheatre nu kaasup kana 69 Keajaiban Dunia Pertengahan. Ieu situs perenahna aya di dayeuh leutik di Italia, Roma nu diwangun ku walikota Vespasian dina mangsa Domitianus tur dianggeuskeun ku budakna Titus sarta jadi salah sahiji karya panggedéuna ti arsitéktur Karajaan Romawi nu kungsi diwangun. Koloseum dirarancang pikeun 50.000 nu nongton.

                                               

Masjid Agung Cianjur

Masjid Agung Cianjur nyaéta masjid jami di Kabupatén Cianjur anu perenahna di Jl Siti Jenab 14,Pamoyanan,Cianjur Kode POS 43211. Ieu masjid téh kaasup salah sahiji masjid pangkolotna jeung panggedena di Jawa Kulon.

                                               

Monumén Nasional

Monumen Nasional atawa nu leuwih populer disingget ku Monas atawa Tugu Monas nyaéta monumén peringatan saluhur 132 meter 433 kaki nu diadegkeun keur nineung pahlawan jeung pajoangan rahayat Indonésia keur ngarebut kamerdikaan ti pamaréntahan kolonial Hindia-Walanda. Pangwangunan monumen ieu dimimitian tanggal 17 Agustus 1961 di handap paréntah présidén Sukarno, jeung dibuka keur umum ti tanggal 12 Juli 1975. Tugi ieu dimahkotaan seuneu nu dilapis lambaran emas nu ngalambangkeun sumanget pajoang nu ngagedur. Monumen Nasional aya di tengah Lapangan Medan Merdeka, Jakarta Pusat. Monumen jeung ...

                                               

Musieum Pos

Musieum Pos mangrupa musieum nu ayana di beulah katuhu Gedung Kantor Pusat PT Pos Indonésia di Jalan Cilaki 73. Wangunanna aya disisi beulah wétan Gedung Saté.

                                               

Pendopo

Pendopo nyaéta hiji wangunan tambahan tina wangunan utama anu maké hateup tapi teu maké pipinding jadi atra katempo tihang-tihang panunjelna. Pendopo ilaharna opat juru, perenahna di hareupeun imah, karaton baheula atawa kiwari kantor pamaréntahan, paranti ngabagéakeun sémah ngayakeun gempungan, jeung sajabana. Di sababaraha tempat, malah Pendopo téh bisa dieusian ku tamu anu jumlahna rébuan. Dina basa Madura pendopo disebut mandapa asal tina kecap mandap anu hartina handap, jadi pimaksudeunna kana saurang pamingpin kudu mibanda sikep handap asor sarta deukeut ka rahayatna. Pendopo mibanda ...

                                               

Pendopo Kabupatén Bandung

Pendopo Kabupatén Bandung nyaéta wangunan nu dijieun keur tempat pamaréntahan bupati dina mangsa éta. Pendopo Kabupatén ieu mangrupa wangunan munggaran nu diadegkeun di daérah Alun-alun Bandung. Dugi ka ayeuna wangunan ieu masih aya sarta nyicingan lahan nu emang keur wangunan ieu. Sarta mibanda fungsi nu sarua saperti mangsa bihari.

                                               

Pendopo Kabupatén Cianjur

Pendopo Kabupatén Cianjur nyaéta puseur pamaréntahan Kabupatén Cianjur anu perenahna di Jalan Siti Jénab. Sacara administratif asup ka wewengkon kampung Kebon Kembang, kalurahan Pamoyanan, kacamatan Cianjur. Pendopo dikubeng ku opat jalur jalan raya jeung dina aréa anu sarua téh aya sababaraha hiji wanguan pamaréntahan séjénna. Pendopo perenahna di lingkungan pakotaan jeung mangrupa puseur dayeuh Cianjur. Di bagian hareupna aya alun-alun, Masjid Agung Cianjur jeung salah sahiji situs anu kawilang penting dina riwayat dipilihna éta wewengkon minangka kota, nyaéta cinyusu anu katelah Pangguy ...

                                               

Rumah Gadang

Rumah Gadang atawa Rumah Godang nyaéta ngaran keur rumah adat Minangkabau anu mangrupa rumah tradisional nu loba kapanggih di provinsi Sumatera Barat, Indonésia. Imah ieu ogé disebut ku ngaran séjén ku masarakat di dinya ku ngaran Rumah Bagonjong atawa aya ogé nu nyebut ngaran Rumah Baanjung. Imah modél ieu ogé loba kapanggih di Negeri Sembilan, Malaysia. Namung teu sakabéh kawasan di Minangkabau darek anu diijinan ngadegkeun imah adat ieu, ngan di kawasan nu geus mibanda status salaku nagari hungkul Rumah Gadang ieu diijinan diadegkeun. Kitu ogé di kawasan nu disebut salaku rantau, imah a ...

                                               

Rumah susun

Rumah Susun atawa nu disingkat Rusun biasana disebut Apartemen anu versi sederhanana. Nurutkeun UUD Nomor 20 Tahun 2011 Tentang Rumah Susun, Rusun téh nyaéta Wangunan degong bertingkat anu diwangun dina hiji lingkungan anu kabagi dina bagéan anu distrukturkeun sacara fungsional, dek dina arah horizontal atawa vertikal sarta mangrupa satuan anu masing-masing na bisa dibogaan sarta dipaké sacara terpisah, utamana pikeun tempat hunian anu dilengkepan ku bagéan sajeungan, benda sajeungan sarta taneuh sajeungan. Pangwangunan Rumah Susun mangrupa salah sahiji alternatif jang mecahkeun masalah ka ...

                                               

Sumur Bandung

Sumur Bandung nyaéta sumur nu dijieun ti tilas nacebkeun tongkat R.A.A Wiranatakusumah. Nu ayana di beulah kidul Pendopo Kabupatén Bandung, Bandung Jawa Barat.

                                               

Taj Mahal

Taj mahal nyaéta hiji monumén nu perenahna aya di Agra, India. Diwangun alatan kahayang Kaisar Mughal Shāh Jahān anakna Jahangir minangka hiji mausoleum pikeun istri Pérsiana Arjumand Banu Begum atawa leuwih kasohor ku sebutan Mumtaz Mahal atawa Mumtaz ul-Zamani. Pangwangunan ieu monumén méakkeun waktu 23 taun minangka karya arsitéktur Mughal. Salian ti éta, Taj Mahal ogé dipikatineung minangka lambang cinta abadi Kaisar Shah Jahan ka garwana Mumtaz Mahal. Mumtaz Mahal tilar dunya dina umurna nu ka 39 taun nalika ngalahirkeun putrana nu ka-14 Gauhara Begum dina taun 1631. Saméméh ngantunke ...

                                               

Taman Lalu-lintas Ade Irma Suryani Nasution

Taman Lalu-lintas Ade Irma Suryani Nasution nyaéta taman rekréasi nu ayana di jajantung dayeuh Bandung. Salian salaku taman, di dieu ogé dijadikeun puseur latian maca rambu-rambu lalu lintas.

                                               

Vihara Bhumi Pharsija

Vihara Bumi Pharsija nyaéta salah sahiji vihara pangkolotna nu aya di kabupatén Cianjur. Perenahna di Jalan Mangunsarkoro No.60 anu asup kana wewengkon kampung Bojong Méron, Kalurahan Bojong Méron, Kacamatan Cianjur Kota. Ieu vihara téh perenahna di tengah-tengah padumukan di sisi lebag kulonna, ana pon sisi wétan, kidul jeung kalérna mangrupa lingkungan bisnis kayaning ruko, pasar jrrd. Perenahna anu di puseur kota ngajadikeun ieu vihara gampang dihontal maké kandaraan roda dua jeung roda opat. Ieu vihara téh nyaéta tempat ibadahna agama Budha anu lolobana pangagemna téh ti kaum étnis Cin ...

                                     

ⓘ Arsitéktur

  • dianggeuskeun ku budakna Titus sarta jadi salah sahiji karya panggedéuna ti arsitéktur Karajaan Romawi nu kungsi diwangun. Koloseum dirarancang pikeun 50.000
  • di ieu kota, loba wangunan sajarah anu ngagunakeun wangun desain jeung arsitéktur anu sarimbag jeung wangunan di Rusia. Di jaman ayeuna, Hélsinki mangrupa
  • Bayern sacara tradisional reueus ka budayana, di antarana basa, dahareun, arsitéktur féstival saperti Oktoberfest, jeung unsur simbolisme Alpen. Ieu nagara
  • di antarana Hein von Essen jeung F. Stolts, manéhna ngadegkeun biro arsitéktur Algemeen Ingenieur Architectenbureau AIA Karya biro ieu bisa ditempo
  • Purworejo nu dibuka di tanggal nu sarua. Stasion anu asalna miboga gaya arsitéktur Indische Empire SS ieu kungsi dieundeurkeun ku lini anu gedé di tanggal
  • sepur lempengna. Wangunan ieu diarsitékan ku J. van Gendt, kalawan gaya arsitéktur Neo - Indische. Karakter vernakularna kaciri pisan, hal éta bisa ditempo
  • Evolved HSPA ditetepkeun dina standar 3GPP release 7. Ieu standar nawarkeun arsitéktur jaringan mobil anu museur kana IP IP centric anu bisa ngalakukeun bypassing
  • kana mata pelajaran saperti filsafat, agama, spiritualitas, musik, seni, arsitéktur elmu pangaweruh, sastra, dialog peradaban, jeung lingkungan alam. Manéhna
Jandéla
                                               

Jandéla

Jandéla nyaéta liang dina dingding hiji wanguan pikeun narima cahaya jeung hawa, biasana ditutupan ku bingkéy atawa beubeur anu eusina mangrupa sababaraha bahan transparan, kayaning kaca jeung bisa dibuka jeung ditutup sakahayang.

Paranjé
                                               

Paranjé

Paranjé nyaéta kolong imah panggung nu dimangpaatkeun pikeun miara ingon-ingon. Ingon-ingon nu sok dipiara dina paranjé kayaning hayam, meri, éntog, marmot, jeung kelenci, embé jeung domba ogé sok dipiara dina paranjé mun pareng kolong imahna leuwih jangkung. Paranjé remen ogé dimangpaatkeun pikeun nunda pakakas tatanén, sakapeung suluh jeung hasil panén ogé sok ditunda di jero paranjé.

                                               

Waduk Jatiluhur

Waduk Jatiluhur perenahna di Kacamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta. Bendungan Jatihulur téh nyaéta bendungan panggedéna sa-Indonésia. Éta bendungan téh dingaranan ku pamaréntah, Waduk Ir. H. Djuanda, kalawan pamandangan dano anu legana 8.300 ha. Bendungan ieu mimiti diwangun ti taun 1957 ku kontraktor asal Perancis, kalawan poténsi cai anu aya lobana 12.9 miliar m³/taun jeung mangrupa waduk réa guna munggaran di Indonésia

Users also searched:

...
...
...