Back

ⓘ Pulo Jawa




Pulo Jawa
                                     

ⓘ Pulo Jawa

Pulo Jawa téh hiji pulo di gugusan kapuloan Sunda, Indonésia, nu mangrupa pulo pangpadetna di sakuliah dunya. Legana 132.000 km pasagi kalawan 114 juta pangeusi, mun mangrupa nagara mandiri mah bakal jadi nagara kadua pangpadetna sadunya. Pulo Jawa mangrupa lemah cai pikeun pituin pikeun urang Sunda jeung Jawa.

                                     

1.1. Géografi Alam

Pulo Jawa aya dina runtuyan kapuloan jeung Kalimantan Bornéo di béh kalér, Sumatra di béh kulon-ngalér, jeung Bali di béh wétan. Jawa téh mangrupa pulo panglegana ka-13.

Pulo Jawa ampir sagemblengna mangrupa bentukan vulkanik, nu ngandung teu kurang ti 38 gunung nyungcung nu nandakeun ayana aktivitas gunung api. Tempo Gunung api di pulo Jawa.

                                     

1.2. Géografi Manusa

Jawa mangrupa pulo pangpadetna sa-Indonésia, ampir 60% populasi Indonésia matuhna di pulo Jawa. Pangeusi ieu pulo utamana mah urang Sunda di bagian kulon jeung Jawa di bagian wétan, ngan ku sabab laju migrasi ka ieu pulo nu luhur pisan, utamana ka wewengkon pakotaan, méh baé lengkep ku séké sélér ti mana baé. Pikeun ngimbangan ieu masalah, ti taun 1970 pamaréntah Indonésia ngampanyeukeun program transmigrasi: mindahkeun sabagian wargana sacara sukaréla ka pulo-pulo nu leuwih carang populasina sangkan pulo Jawa teu padet teuing.

Pulo ieu dibagi kana genep Daérah Tingkat I:

  • Propinsi Jawa Kulon Jawa Barat
  • Propinsi Jawa Tengah
  • Propinsi Banten
  • Propinsi Jawa Wétan Jawa Timur
  • DI Jogjakarta
  • DKI Jakarta
                                     

2. Sajarah

Pulo Jawa kawentar ku "manusa Jawa"-na, sakumpulan sésa fosil Homo erectus nu kapanggih deukeut walungan Brantas di Jawa Wétan. Kadieunakeun, kapanggih ogé sababaraha fosil ti wewengkon séjén, kayaning di situs Plawangan, guha Pawon, jeung sababaraha tempat séjénna.

Pascamerdika

Ku dipilihna Jakarta jadi ibukota, pulo Jawa jadi puseur kagiatan politik jeung ékonomi Indonésia. Ka dieunakeun, alatan teu walatrana pangwangunan, antara puseur dayeuh jeung pilemburan téh jungkrangna beuki lega. Dayeuh-dayeuh jadi puseur kabeungharan, sedengkeun pilemburan di pulo Jawa tetep sangsara.

Sacara nasional, kanyataan jungkrang laju pangwangunan téh jadi masalah, antukna loba nu boga angen-angen hayang mindahkeun ibukota ka wewengkon nu leuwih tengah sacara nasional, misalna ka Kalimantan, kalawan harepan pangwangunan bisa leuwih walatra sa-Nusantara.

                                     

3. Budaya

Sacara umum, kabudayaan nu aya di pulo Jawa bisa dibagi dua: budaya Sunda di wewengkon kulon jeung budaya Jawa di wewengkon wétan. Wates dua kabudayaan ieu, dumasar pangaruh kakawasaan masing-masing bangsa dina sawatara sumber sajarah, kira aya di walungan Cipamali atawa Diéng.

Tempo ogé Budaya Indonésia

                                     

4. Ageman

Pangeusi pulo Jawa lolobana ngagem Islam, lajeng Kristen utamana di pakotaan, Hindu di sabudeureun Banyuwangi jeung basisir nu deukeut ka Bali, Katolik di sababaraha lembur di wewengkon kidul Jawa Tengah, Sunda Wiwitan di sawatara kampung adat Sunda misalna di Kanékés, Budha nu diaragem nu urang Cina, jeung ageman lianna.