Back

ⓘ Waru laut




Waru laut
                                     

ⓘ Waru laut

Waru laut atawa baru laut ;, nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga kapas-kapasan. Loba kapanggih hirup di basisir-basisir tropis, tangkalna leutik bisa disebut rungkun, ieu tangkal pituin ti India.

                                     

1. Ciri mandiri

Tangkal leutik, jangkungna 2–10 m. Hirup di wewengkon basisir aya ogé di tukangeun leuweung babakoan mangrove anu henteu aya rawana. Daun cupatna panjang, buleud endog aya ogé kawas jantung sisi daun rata, 7–24 × 5–16 cm; kawas kulit; tulangna ngaramo, mibanda kelenjar kulit laleutik di palebah puhu tulang daun utama di sisi handap daun. Daun ngorana mibanda bulu coklat rapet.

Kembang nunggal, bijil dina handapeun cupat daun, mimiti bijil jocong lila kalilaan jadi tungkul, cupatna panjang kalawan mibanda sisit. Daun kelopak daun tambahan aya 3, leutik pisan kalawan gancang lésot, panjang 12–14 mm. Mahkota wujudna kawas locéng, 6–7 cm, konéng ngora anu engkéna robah jadi beureum, kalayan aya titik bercak wungu dina puhuna. Geutah na konéng. Buah kotak aya anu gepéng aya ogé anu buleud endog, diaméter 2.5–4.5 cm, henteu muka atawa mukana lila. Sikina baruluan.

                                     

1.1. Ciri mandiri Jinis anu sarupa

  • Hibiscus tiliaceus L. Ogé dingaranan waru laut lantaran habitat alamina memang di basisir. Sakapeung H. tiliaceus kapanggih bareng Thespesia populnea. Hibiscus similis Bl. waru gunung atawa waru gombong, anu leuwih remen dipelak, mibanda wujud tangkal, daun, kembang jeunh buah anu sarupa jeung H. tiliaceus, kalayan mung saeutik parbedaan. Kadua jinis Hibiscus dibédakeun tina T populnea alatan mibanda daun anu baruluan lemes, kalawan kelenjar minyak di sisi handap di puhu tulang daun. Wujud jeung kelir kembangna sarupa, pedah cupat putikna kabagi di tungtungna.
                                     

2. Kagunaan

Kaina Kayu teras kelirna coklat guguratan hideung, éndah katempona, hampang, tur teu pati teuas. Kaina alusna dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun délman atawa padati dina mangsa baheula, gagang pohpor bedil, peti, jeung sajabana. Kai teras ieu bisa ogé dimangpaatkun pikeun ubar; kayaning ubar galingging, radang selaput dada pleuritis, koléra, jeung mules alatan kolik. Tina kulit tangkal ogé diarah harambay pikeun bahan nyieun tali, meski jarang digunakan.

Daun-dauna dimangpaatkeun pikeun campuran masakan pikeun nambahan rasa haseum. Buahna anu asak, dibebek/tutu tuluy diasakan maké minyak, dimangpaatkeun pikeun ngurangan kutu dina sirah.

Di India kidul, kayu terasna dimangpaatkun pikeun nyieun alat musik anu disebut thavil. Dipikaresep alatan kelirna anu semu coklat, semu konéng aya ogé anu semu beureum, kai ieu ogé di Hawaii dimangpaatkun pikeun nyieun rupa-rupa karajinan. Kai teras waru laut mibanda BJ anu rupa-rupa ti mimiti 0.55 – 0.89.



                                     

3. Tutumbu ka luar

Média nu patali jeung Thespesia populnea di Wikimedia Commons

  • Thespesia populnea at website: Australian native hibiscus and hibiscus-like species.
  • Thespesia populnea L. Sol. Ex Corr.". Database of Indian Plants. Pandanus Project.
  • "Milo". Canoe Plants of Ancient Hawai i. Ka Imi Na auao O Hawai i Nei.

Citakan:Tumbuhan-stub

                                     
  • PTA Halteu Ujunggedé UGD Stasion Comal CO Stasion Sragi SRI Halteu Waru WU Stasion Pekalongan PK Stasion Pekalongan PK Halteu Mipitan MPT
  • nepi ka 2 méter. Hal ieu patali jeung spésiés kawas kapas, kakao, jeung waru Panjang daunna 10 20 cm sarta rubak, diaméter kembangna aya 4 8 cm, kalawan

Users also searched:

...
...
...