Back

ⓘ Bogem




Bogem
                                     

ⓘ Bogem

Bogem ; Sonneratia caseolaris nyaéta hiji tangkal anu asalna tina kulawargga Lythraceae. Bogem ilaharna hirup di rawa, sisi susukan, jeung leuweung babakoan. Bogem beureum tayalian bogem anu remen kapanggih hirup, Ieu tangkal sok disebut bogem wungkul.

                                     

1. Ngaran daérah

Bogem mibanda ngaran daérah liannya, saperti: alatat Sim.; berembang Mly.; pedada, perepat merah, rambai Banjarm.; bogem Sd.; betah, bidada, bogem, kapidada Jw.; bhughem, poghem Mad.; wahat merah, warakat merah Amb.; posi-posi merah Ternate jeung réa-réa deui.

Ogé hikau-hikauan, ilukabban, palapat, palata, pagatpat, payar, pedada Fil.; bãn sè Viet.; lam phu, lampoo Thai.; ampou-krohom Kamb.; serta mangrove apple Ingg.

                                     

2. Ciri mandiri botanis

Tangkal leutik dugi ka sedeng, jangkungna kurang leuwih 15 m sareng jarang nepika 20 m. Tajuk rapuh sareng dahan ngagantung tina tungtung. Sareng kalayan seueur akar gantung barijil tina sakurilingna, sakapeung nepi ka sababaraha méter jauhna tina tangkal.

Daun-daun tunggal, pasingareup-singareup, buleud endog aya ogé anu lonyod, 5–13 cm × 2–5 cm, puhuna ngawangun baji sarta tungtungna bulenek atawa mintul. Cupat daun pendék kalayan remen katempo semu beureum.

Kembang bijilna aya anu ngan hiji aya ogé anu ngaranggeuy 3 kuntum di tungtung régan. Kelopak bertaju 6 jarang 7–8, méncos, panjang 3–4.5 cm mibanda tabung kelopak ngawujud mangkok déét di handapna, héjo di bagéan luar sarta bodas semu héjo atawa semu konéng di dijerona. Daun mahkota beureum, heureut, 17-35 mm × 1.5-3.5 mm. Benangsari loba pisan, panjang 2.5–3.5 cm, bodas kalayan puhu semu beureum, gancang marurag. Gagang putik gedé tur panjang, napel nepika jadi buah.

Buah mibanda siki anu loba di jerona, héjo, 5–7.5 cm diameterna sarta jangkung 3–4 cm, napel di luhur taju kelopak anu ampir datar. Daging buah semua konéng, rasana haseum, bauna teu pikaresepun bau buruk.

                                     

3. Ékologi

Bogem beureum remen kapendak di leuweung babakoan anu salinitasna kurang sareng leutakna jero; sapanjang sisi walungan sareng di rawa-rawa anu masih katarajang cai pasang ti laut. Buah Bogem ngarambang nya ku cai laut ieu buahna bisa nepi ka tempat anu jauh

Tangkal bogem, mangsa kembangna mangkak ligar ngondang malam hari. Loba mibanda nektar, anu dipikaresep ku lalay jeung gegeremet, sakalian ngabantu lumangsungna penyerbukan. Pidada merah berbunga dan berbuah sapanjang tahun.

                                     

4. Mangpaat

Buahna bisa didahar, kitu deui pucuk jeung daun ngorana, remen dipaké lalab. Buah ieu ogé bisa didahar atahna, atawa diasakan pikeun campuran lauk. Kaina kurang alus, sakapeung dimangpaatkeun pikeun suluh. Kai napasna hipu sarta lobamibanda lolongkrang renik di jerona, remen dipaké nyieun gabus pikeun nyieun tutup botol, kok, ogé bagéanjero sol sapatu.

                                     

5. Penyebaran

Bogem di pikanyaho hirup, ti miti Sri Lanka di kulon, Asia Tenggara (Kamboja, Vietnam, Thailand, Malaysia, Singapura, Indonesia, Brunei, Filipina, Timor Timur, Papua Nugini, nepi ka Australia, Kepulauan Solomon jeung New Hebrides. Diintroduksi ka Cina selatan.

                                     
  • divisi Olimpiade jeung profesional, pamilon disebut petinju ngajauhan bogem lawan samentara manéhna nyoba ninju lawanna. Nilai bakal dibéré nalika bisa
  • Makamna di Bayabang Nyai Mas Djenggot Makamna teu kapaluruh Nyai Mas Bogem Makamna teu kapaluruh Nurutkeun carita rahayat Cianjur mah, aya kénéh

Users also searched:

...
...
...